[Urang Sunda] Re: Pendapat

2005-03-17 Terurut Topik Oman Abdurahman
Sae pisan Kang, salah sahiji lilinggeran usaha bari karumpul di milist rupina eta. Diantara anu pangrajinna posting ngeunaan lowongan kerja di ieu milist nyaeta Kang Rudy anu linggih/ nuju pancen di Abu Dhabi, tiasa diuningaan di arsip file ieu milist. Ngan, asana teu acan kungsi mendakan

Re: [Urang Sunda] Re: Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik syam ridwan
Meser kurupuk dikorangan Huhujan ngabaheum uyah Neng Mpup ngaraos wegah Mayunan malem jumaah Nyangray jaat dina lalayah Bawaeun ka cikaramas Kunaon neng Mpup wegah Sabab enjingna teu janten kuramas Loba preman di cicadas Make tato oray naga Kunaon teu janten kuramas Apan salaki uing cenah

[Urang Sunda] Lowongan

2005-03-17 Terurut Topik Icho
Wilujeng sonten Bilih aya nu Peryogi, nu background-na finance Danone Biscuits Indonesia has a vacant position in Finance Department. The position is a Finance Executive with the following qualification : 1. Experience in Finance department as a Senior Accountant or Finance Asst Manager

Re: [Urang Sunda] Lowongan

2005-03-17 Terurut Topik indung peuting
Hatur nuhun teh Icho infona, kumaha damang...? Iraha ka Sby deui? atanapi teteh kitu anu ka batawi..? Alah mani hayang ngariung sareng para wanoja gankleboy, sareng teh Imas, Neng IVA, teh Ami, neng Ani, saha deuinya anu di batawi...?Icho [EMAIL PROTECTED] wrote: Wilujeng sontenBilih aya nu

Re: [Urang Sunda] Lowongan

2005-03-17 Terurut Topik Icho
Pangesto Teh.. kumaha kabarna sby .. ( sanes RI1) nembe nguping wartos mahasiswa sidoarjo ngaduruk naon eta nuju demo BBM ? asa apal euy saminggu di sidoarjo teh Iraha nya ka sby deui, da teu acan aya uleman. sok atuh teh tien di antos di batawi ke upami neng pupi kaleresan nuju kuramas

[Urang Sunda] Re: [kisunda] BELA NAGARA?

2005-03-17 Terurut Topik oman abdurrahman
Tah eta, "herang caina beunang laukna",salah sahiji babasan dina budaya Sunda anu oge mindeng dijadikeun tetengger falsafah budayana,anu merlukeun revitalisasi keur jejer ambalat tea. Kitu ogenumutkeun Kang Chaedar Alwasilah, anggota SC KIBS I Budaya Sunda. Revitalisasina teh sigana sakumaha

[Urang Sunda] TICKET PETER PAN

2005-03-17 Terurut Topik @died++
Saha nu gaduh Ticket Peter Pan kanggo di Batam Kang fadli ?? Kumaha kang cecep, damang ? Yahoo! Groups Sponsor ~-- Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks Giving.'

[Urang Sunda] Lowongan di Percetakan

2005-03-17 Terurut Topik Suharja
alhamdulillah kana respon ti sadayana perkenaan sareng silih wartosan ngeunaan kasempetan padamelan. tah... ieu mah ti rencang abdi.. haturkeun.. nb: ari Kang Rudy teh masih di Abu Dhabi? dupi alamat sakantenan e-mailna aya? ===

[Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Mpup
Kang Syam ngeukeupan guguling Bari osok ngabulasin Malem juma'ah 'ke peuting Mening oge ngaji Yasin Kang Anugrah beuki udud Geuning urang Buah Dua Daripada uing jamedud Mening keneh ge ngadu'a Iwan ulin kakapalan kapal buing ti neng imas Kang Syam Ridwan mah apalan Yen uing moal kuramas

[Urang Sunda] Re: (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Oman Abdurahman
Tah geuningan, kapireungeuh kaahlianana neng Mpup dina sastra Sunda, bab sisindiran. Tetela, ngeleketekna teh kudu ku bab kurasmas. Lebah bab kuramas, naha Kang Syam kitu ahlina teh? :) manAR --- In urangsunda@yahoogroups.com, Mpup [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Syam ngeukeupan guguling

Re: [Urang Sunda] Re: Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Pituin
* Balik Cuti ka Abu Dhabi loba Te Ka We ka ditukeunna Meunang Bati ti Kabogoh Abdi Bari gawe uteukmah ka manehna Indomie telor kornet pikeun magrib batur buka ngabodor di lembur kusnet jauh di arab asa di purwakarta -pun adi- *... terektek... lanjut Kang SR!!!

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Pituin
*** ...ny dangukeun deuleu! Bandar samara ti nagri sumba jualan tukangeun pos kamling Jang Kandar teh jawara salemba pamajikanna si tukang ceting aya anemer pareng jeung onom rek lumpat beurat ku duit kang eSeR kahade ka nyi misnem inget kang kandar, bisi

[Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Mpup
Di kota keur balap kuda Loba pisan jalma rea Kang Rudi sono ka garwa Nyaeta Teh Fanny tea Monyet sok gugulantungan Sok udud jeung barang dahar Kusnet tempat sisindiran Nu jamedud langsung cenghar Kang Oman mulih ti kantor Kahujanan lebah Suci Acuk baseuh jeung kalotor Saena siram susuci

Re: [Urang Sunda] Wilujeng Sumping ka Kang Anungrah sareng Kang Suharja

2005-03-17 Terurut Topik Pituin
* Haturan bah willy, kumna bae baraya babakan! Muhun abah, sae ateuh pami kitumah, sok diulem deui bae nu sanesna abah supados langkung euyeub lembur teh. Tapi ke'la ah, Abah! mana cing tatamu teh oh ituh... Haturan Kang Anugrah, Kang Suhardja lan ka sakumna

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Mpup
Ngohkoh gohgoy kalah diingkeun Dihaneutan we ku seuneu Ongkoh miwarang ngupingkeun Tapi bari kudu neuleu Kueh lemper jeung risoles Dagangna di terminal beus Ti Bogor eujeung si Charles Oleh-oleh mawa taleus ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Pituin [EMAIL PROTECTED] wrote:

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Pituin
*** Ci asem di gula beureuman hatur lumayan paranti gohgoy kahade nyi, ulah ngaheureuyan wa oman bisi dialungkeun ka warung leboy hihi hi, huhu hu, haha ha beuteung peurih alatan seuri nyi misnem anu solehah geura balik mun teu ke dijiwir -pun adi- **

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Pituin
Kang Abonk balik ti Padang diajar elmu pikeun jaga paeh omongan seukeut ti pedang kudu ditutup eta baham teh Budak leutik mawa batu nyaba ka situ kawali ti karuhunna ge dah geus kitu mudu loba ngadangu jeung ningali -pun adi-

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Mpup
Kang Adi teu dicalana Uulutudan ka goah Maksadna balik ka mana Da uing mah geus di imah Cucuk melag hese neureuy Kaluman hese rek cageur Saha anu tukang heureuy Kang Oman mah keun da bageur ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Pituin [EMAIL PROTECTED] wrote: ***

Re: [Urang Sunda] TICKET PETER PAN

2005-03-17 Terurut Topik Nenny Nenden
palay tiket peterpan mah hubungi abdi (neni 081364310107 ) batam pos tea bieu aya rerencangan nu ngicalan tiket peterpan manawi aya keneh upami bade hubungi abdi ayeuna keneh ngke urang taroskeun ka rerencangan abdi di redaksi batam pos, da abdimah moal nonton hoream pasesedek!! bilih

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Mpup
Kalam teh mani geus butut Ku uing keur diseukeutan Baham saha nu ditutup Da uing mah sisindiran Kang Toni seseg bayuhyuh Kulantaran tuang wae Cenah kang Adi teh tunduh Sanes geura kulem bae ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Pituin [EMAIL PROTECTED] wrote:

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Pituin
** Neng Fanny teh kabogoh ana mun ana ngomong manehna balem ih si nyai mah!! mung uing teu di calana atuh, loba awewe marake helem -pun adi- * On Thu, 17 Mar 2005 12:27:00 -, Mpup [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Adi teu

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Mpup
Ana uhibbu supermi kitu euceuk urang Arab Ulah hilap ka Teh Amie Anu osok nuang lalab Kueh karamel teh pelem Komo di gula beureuman Wanoja kalah dihelem Pastina keukeureuceuman ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Pituin [EMAIL PROTECTED] wrote: **

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Zamhur \PAKUSARAKAN\
ngiringan ahhh cika cika dina nangka tongeret nyayang na selong ciga ciga urang kota di leret geuning urang cilegong (kampung simkuirng) On Thu, 17 Mar 2005 12:44:40 -, Mpup [EMAIL PROTECTED] wrote: Ana uhibbu supermi kitu euceuk urang Arab Ulah hilap ka Teh Amie Anu osok nuang

Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] BELA NAGARA?

2005-03-17 Terurut Topik Zamhur \PAKUSARAKAN\
punten ah duka lepat duka hanteu mung nu kadangu di lembur mah sanes herang caina beunang laukna namung caina herang laukna beunang hehehehhe On Thu, 17 Mar 2005 01:08:02 -0800 (PST), oman abdurrahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Tah eta, herang caina beunang laukna, salah sahiji babasan

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Pituin
** aya lontong reujeung sate dijual na dipincukan montong diasup keun kana hate ngarana oge sisindiran pa haji bandarna pare disimpen di jero gudang tadina mah geus nek sare dileketek teh jadi we hudang -pun adi- ** On Thu, 17 Mar 2005 12:35:06 -,

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Mpup
Sangu goreng dipiringan Eujeung sate ditiiran Sok atuh geura ngiringan Hayu urang sisindiran Kang Zamhur Pakusarakan Naha geuning tacan mulang Teh Ani palay dikeukeupan Matak enggal geura mulang ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Zamhur \PAKUSARAKAN\ [EMAIL PROTECTED] wrote:

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Zamhur \PAKUSARAKAN\
kampak ragaji pasekon reregean nyampang kang haji diengon keur nyekel nyere On Thu, 17 Mar 2005 16:58:17 +0400, Pituin [EMAIL PROTECTED] wrote: ** aya lontong reujeung sate dijual na dipincukan montong diasup keun kana hate ngarana oge sisindiran pa haji

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Mpup
Jadi hayang dahar sate Ngahiliwir ku seungitna Peuting engke hese sare Sabab inget ka salakina Kelek uing mah da seungit Da osok dikolonyoan Di leuweung sok loba reungit Kade bisi nyarocoan ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Pituin [EMAIL PROTECTED] wrote: **

[Urang Sunda] Re: [kisunda] BELA NAGARA?

2005-03-17 Terurut Topik Ki Hasan
Baraya, Upama tea mah keukeuh harayang perang, jigana teu pati beda jiga perang Iran jeung Irak, atawa perang Shifin di Karbala. Naha urang rido kitu, nu mayoritas kadua pihak papada muslim, upama nepi kajadian jiga kitu? Wallahu'alam. Kadang-kadang kuring sok ngarasa kacida teu adilna, dimana

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Zamhur \PAKUSARAKAN\
he hehe.. neng mpup mah ki kitu nya teu uih kitu a kandar na.. alias kumincir jampe jampe harupat geura gede geura lumpat jempe mah jempe omat gura giru rek balik.. pakepuk maen kokoleceran ka oman singsireumeun neng mpup nu kang kumincir kada omat ulah loba seuseurian On Thu, 17 Mar 2005

Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] BELA NAGARA?

2005-03-17 Terurut Topik Zamhur \PAKUSARAKAN\
heueuh nya... kang ceuk kuring mun warani jeng arek perang sok perangan nagara2 gede ciga USA jeng Inggris eta oge mun baroga kawani ari hanteu mah cicing we lah nupuguh mah biang kerok di indonesia teh aya 3 nu kasup dina WTD atawa WDT W = urang TNI T = urang partai di salah sahiji partai gede

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Mpup
Mobil kijang ngahalangan Saurna kamari mogok Teh Ani henteu halangan Cios kitu gaduh orok Budak leutik ololeho Tapi kalah loba ceta Matak uing ngotok ngowo Sabab yayang di jakarta ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Zamhur \PAKUSARAKAN\ [EMAIL PROTECTED] wrote: he hehe.. neng

Re: [Urang Sunda] US noong BATAK

2005-03-17 Terurut Topik Zamhur \PAKUSARAKAN\
ceuk simkuring kang hasan kaunggulan urang batak teh 1. leber wawanen sok sanajan salah 2. kompak alias gotong royong teu asa aing pang batak na.. sok akur jeng silih belaan we jeng sasama batak teh 3. ceunah iyeu mah... mun gaduh bojo ka awewe batak dijamin pelem ceunah hehehhe baktos Agus

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik Mpup
Piring beling ditahuan Tarigu can diparinkeun Geuning uing kapihaluan Teu acan dipaparinkeun hayang teuing budak kembar Nu lahir jelema suci Meureun kudu gede sabar Neda ka Nu Maha Suci ~ipup~ --- In urangsunda@yahoogroups.com, Zamhur \PAKUSARAKAN\ [EMAIL PROTECTED] wrote: boboko

Re: [Urang Sunda] US noong BATAK

2005-03-17 Terurut Topik Ki Hasan
--- Zamhur \PAKUSARAKAN\ [EMAIL PROTECTED] wrote: 3. ceunah iyeu mah... mun gaduh bojo ka awewe batak dijamin pelem ceunah Hehehe, dasar panganten anyar! salam, MH = Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

[Urang Sunda] US noong BATAK

2005-03-17 Terurut Topik Ki Hasan
Baraya, Sabada rengse noong JAWA sareng MINANG, ayeuna urang teruskeun serial tuang-toong teh, ku noong urang BATAK. Cik, numutkeun pamanggih, pangalaman, panitenan, pangrasa, panyawang baraya, naon kira-kira KAUNGGULAN urang Batak. Enya kaunggulana we, keun wae kakurangan mah teu ditoong oge.

Re: [Urang Sunda] US noong BATAK

2005-03-17 Terurut Topik Nenny Nenden
abdi nambihan hiji deui berdasarkan pangalaman abdi salami kantos gugulungan sareng urang batak ditambih deui ayeuna di kantor seseu'eur na urang batak aya hiji sifat nu teu tiasa di rayu rayu supados henteu nyaeta upami tos gaduh kahoyong na hate boh dina naon wae bentuk na pasti di tarekahan

[Urang Sunda] TQBS: Drat Tarjamah

2005-03-17 Terurut Topik Ki Hasan
Assalamualaikum, Baraya, garapan TQBS (Tarjamah al-Quran Basa Sunda) dugi ka wangkid ieu tos ngahasilkeun draft tarjamahan kanggo 7 Surat. Aya dua draft anyar anu cikeneh ditambahkeun: Surat Al-Ahzab sareng Adh-Dhariyat. Salengkepna mangga pilari di situsna. Alamatna aya di footnote. Salam, MH

[Urang Sunda] TQBS: Draft Tarjamahan Anyar

2005-03-17 Terurut Topik Ki Hasan
Assalamualaikum, Baraya, garapan TQBS (Tarjamah al-Quran Basa Sunda) dugi ka wangkid ieu tos ngahasilkeun draft tarjamahan kanggo 7 Surat. Aya dua draft anyar anu cikeneh ditambahkeun: Surat Al-Ahzab sareng Adh-Dhariyat. Salengkepna mangga pilari di situsna. Alamatna aya di footnote.

Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] BELA NAGARA?

2005-03-17 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Enya, kuring mah sapuk tah, upama ningali dina kekecapanana aya na jeung ang di kecap panungtung, leuwih puitis. mrachmatrawyani --- Zamhur \PAKUSARAKAN\ [EMAIL PROTECTED] wrote: punten ah duka lepat duka hanteu mung nu kadangu di lembur mah sanes herang caina beunang laukna namung

[Urang Sunda] Re: BELA NAGARA?

2005-03-17 Terurut Topik Ki Hasan
supaya murwakanti, bisa oge: herang caiNA, beunang laukNA caina herANG, laukna beunANG salam, MH --- MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote: Enya, kuring mah sapuk tah, upama ningali dina kekecapanana aya na jeung ang di kecap panungtung, leuwih puitis. mrachmatrawyani ---

[Urang Sunda] Kinderganten van Senayan

2005-03-17 Terurut Topik syam ridwan
" Asa ngarey ningalina lo!" " Naon tea mang ?" " Itu DPR arocon deui !" " Enya mang, badis we taman kanak-kanak !" " Boa boa engke mah dihareupeun kantorna aya paragi sosorodotan jeung ayun-ayunan lo !" " Enya mang, samemeh rapat arulin heula didinya !" " Sigana baju safarina gebakal

[Urang Sunda] fraksi pdip ngerakeun pisan nya euy ......

2005-03-17 Terurut Topik M Indrajati Dg. Mangitungi
ayeuna we ceunah rek mamperjuangkeun rakyat . basa ketum manehna jadi presiden . boro2 wani protes ... dasar munafik ... sandiwara we digedekeun ... dikumaha2keun oge BBM mah moal turun mahasiswa tong loba demo ... geura diajar weh cing bener . ulah sok ngomong2

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang

2005-03-17 Terurut Topik kamalinaan
sigana mah di tempat nu rada antik, da cenah acara ieu di dukung ku pamarentah kabupaten sumedang. duka tah bupatina, Don Juan eh Don teuing bade ngaluuuhan moal. ke rincianana mah urang talek deui kang Hawe. kamari didagoan di kantor Cupumanik Karawitan 46 teu jebul-jebul. cenah ngendong

Re: [Urang Sunda] Re: BELA NAGARA?

2005-03-17 Terurut Topik Ki Hasan
Hehehe, saurna mah kecap rajekan basa Sunda tiasa dua-duana, MD atanapi DM. Keun sugan aya ahli basa nu ngabahas. Aya wartos ti Kang Oman, dina raraga garapan TQBS, Abah Surya bade masihan papagon basa, kaasup masalah ieu. salam, MH --- MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote: Tapi aya

Re: [Urang Sunda] (sisindiran)

2005-03-17 Terurut Topik iva wanti
Dinten jumaah parantos nembong Panon poe cedem karaosna Abdi Neng Iva anu ti kopo Wilujeng siang kasadayanaMpup [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Syam ngeukeupan gugulingBari osok ngabulasinMalem juma'ah 'ke peutingMening oge ngaji Yasin Kang Anugrah beuki ududGeuning urang Buah DuaDaripada uing

Re: [Urang Sunda] fraksi pdip ngerakeun pisan nya euy ......

2005-03-17 Terurut Topik kumincir
Tetela bener geuning anu nyarita Ulah coba-coba ngeundeuk-ngeundeuk kaom menengah teh. Enya, da asana teh rek kumaha bae oge kanaekan harga BBM geus wancina naek. Nu baroga mobil mah teu kudu diogo ku harga bengsin nu murah. Rahayat leutik? Ah da rahayat mah geus biasa ripuh ieuh. Ku kanaekan

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang

2005-03-17 Terurut Topik waluya56
Basa ka Cupumanik jeung MJ, kuring ngadongeng ka MJ soal dalem sumedang nu Don tea ngaluuhan pajemuhan Rukun Wargi Sumedang (ieu kumpulan turunan menak sumedang, nu karuhunna henteu asup kana inner cycle karaton Sumedang. Ari turunan menak sumedang nu di karaton mah kumpulna teh di Yayasan

[Urang Sunda] Re: Kinderganten van Senayan--teu rido

2005-03-17 Terurut Topik sindang_asih
Ninggali kitu mah, Emang teu rido, Lo Naon tea, Mang? Enya. Pley-grup teh geus mahal biayana. tapi pagawean teh ocon we jeung ocon Naoh hubungana jeung urang, Mang? Aeh, ari si Alo. Pan urang anu mayar manehna teh Enya mun kitu mah, Mang Enya naon, Lo? Kuring ge teu rido. Kudu mayar mahal.

Re: [Urang Sunda] fraksi pdip ngerakeun pisan nya euy ......

2005-03-17 Terurut Topik waluya56
Memang saleresna kitu kang Kumi. Ari nu hayang seuri mah eta anu demo marake motor, pek didarorong. Heueuh nyaho bbm teh mahal, der ieu mah kalahka diawur-awur. Ras inget baheula, waktu arab ngaembargo minyak ka amerika dan kawan-kawan. Hasilna malah leuwih hade keur urang amerika tinimbang

[Urang Sunda] Re: Kinderganten van Senayan

2005-03-17 Terurut Topik Oman Abdurahman
Hehehe, nyaan, asa maca Mang Ohle dina PR, malah leuwih onjoy ieu mah. Enya atuh nya, anggota dpr teh anu cenah wakil rahayat, bet kitu kalakuan, jadi wakil bustanul athfal atawa TK tea. Keur pagawean ngan ocon, gajihna galede deuih, leuh eunaakk tenaann. Kang Syam, geuningan resep spongebob

[Urang Sunda] Pamanggih kuring ngenaan naekna BBM

2005-03-17 Terurut Topik sindang_asih
Baraya, Mun kuring jadi persiden. Anu pangheulana dilakukeun, memeh nanaon nyaeta: 1. Nyiapkeun transportasi anu hade, ngenah dipake (make AC, bari teu pasesedek, da), loba, tur jalur khusus (siga busway). sakabeh transportasi eta lumaku di satiap provinsi. 2. Bari hal eta disiapkeun, kuring

Re: [Urang Sunda] US noong BATAK

2005-03-17 Terurut Topik iva wanti
Salah sahiji kaunggulan urang bataksipatna rada keras panginten nya. Upami urang mah pan lemah lembut. Sisi sae tina kerasna urang batak ku urang tiasa dicontoh. Lemah lembut tapi keras. Contohna keras kana disiplin jsjb. neng IvaKi Hasan [EMAIL PROTECTED] wrote: Baraya,Sabada rengse noong

[Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang

2005-03-17 Terurut Topik Jatigede
Eya MJ, Upami tos jelas waktos sareng tempatna sareng pareng abdi jorojoy hoyong ngaluuhan rek nyuhunkeun cuti saheulaan mah. Eta ge upami teu pakepuk di padamelan sareng di Kampus. Deden Sureden (asli 100% ngaran Sunda) J, kuring ngadongeng ka MJ soal "dalem" http://jatigede.bravehost.com/

Re: [Urang Sunda] Pamanggih kuring ngenaan naekna BBM

2005-03-17 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Ieu mah alternatif sejen, ku ayana harga BBM naek. aya dosen di Fakultas Teknik Kimia UI, ahli dina widang katalis. Malahan mah manehna ge boga hiji paten BioAd jang nyampuran minyak solar. Lamun mobil bahan bakarna minyak solar dicampuran BioAd, bisa ngirit nepi ka 15 %. Bahan BIoAd teh cenah

[Urang Sunda] Kaca Benggala Mawas Diri

2005-03-17 Terurut Topik E_Ruska_Nugraha
Aya nu ngintun ti rerencangan, punten teu disundakeun WashWatch Kaca Benggala Mawas Diri Christianto Wibisono BERITA diskusi Menembus Batas Nalar yang diselenggarakan atas kerja sama Menristek, Dharma Mahardika Institute, dan Kelompok Kompas Gramedia (KKG) sangat menarik. Karena

Re: [Urang Sunda] Pamanggih kuring ngenaan naekna BBM

2005-03-17 Terurut Topik M Indrajati Dg. Mangitungi
Satuju, upami sadayana ayeuna protes pedah BBM teh membumbung tinggi ayeuna para teknokrat muda urang kudu nyiptakeun BBM sintetis nu dijieun tina tutumbuhan .. atawa nyiptakeun sepeda nu super ringan, jadi pami diboseh nu numpakna teu pati capek jeung harga sapedana teh murah

Re: [Urang Sunda] Pamanggih kuring ngenaan naekna BBM

2005-03-17 Terurut Topik MRachmat Rawyani
BBM teh pan tina bahan material hidrokarbon. Kantun ditingali wae, tutuwuhan naon anu tiasa ngahasilkeun hidrokarbon anu pangsaena sareng prosesna teu pati hese. ayeuna kedah digedurkeun milarian alternatif sanes salian ti minyak bumi. Siga Jepang anu tos ngahasilkeun karet sintetis, anu antukna

Re: [Urang Sunda] Pamanggih kuring ngenaan naekna BBM

2005-03-17 Terurut Topik kumincir
Heuheu... kacipta, hui cilembu diparebutkeun ku mobil jeung ku nu tumpakna... Masalah inovasi tehnologi, urang mindeng ngadenge yen bangsa urang ge sabenerna mah mampuh nyiptakeun sarupaning nu kararitu. Geuning kamari2 ge kabejakeun urang ITB (asana mah) nu oge geus manggihan sumber bahan bakar

Re: [Urang Sunda] Kinderganten van Senayan - spongebob

2005-03-17 Terurut Topik syam ridwan
Sanes resep tapi sok ngarencang pun anak lalajo,da pami tos aya acara eta teh, teu kenging pisan digilekeun ka cenel sejen sanaos keur iklan ge. Aya selentingan seueur ibu-ibu protes lantaran acara kartun utamina spongebob dora tayanganana remen pisan bayangkeun jam 6 enjing tos ditayangkeun.

Re: [Urang Sunda] Kinderganten van Senayan - spongebob

2005-03-17 Terurut Topik durahman
Mun dititenan Hai Sponge bob, Hai petrick kurang pantes mun dilalajoan ku budak. Film kartun ieu sakapengmah mintonkeun 'kekerasan' dilebetna, malahan lain sakapeung tapi sering. Ieu sabaraha contona; Hiji Spongo bob beulah jadi dua (di beset ku .) Dua Dicaritekeun warga bikini button ambek

Re: [Urang Sunda] perang.

2005-03-17 Terurut Topik iva wanti
Bade kaurus kumaha da atuh anu diurus, dipajukeun wae teh kota2 besarna. Janten seueur rahayat anu ngaraos betah, cicing di wilayah anu maju. Leres kota besar saperti ibukota jkt anu nampi hasilna, anu ngahasilkeunana mah ngegel curuk we. Panginten anu dimimitianana ti pamerentahna tur didukung

[Urang Sunda] Re: [kisunda] Re: US noong BATAK

2005-03-17 Terurut Topik kumincir
Di kantor kuring aya pustakawan (lain punakawan) urang batak, nya sakapeung mah sok ngobrol sabulang bentor. Hiji hal ti manehna nu ku kuring dicatet, yen cenah urang batak mah mun dina pangumbaraan geus bisa matuh, kudu nyadiakeun tempat pikeun dulur2na nu kudu dibawa ka pangumbaraan. Teuing nu