Haturan ka kang TS!
(Ingiringan ah ...... sakeuidik).
 
Emh..pedok tah!..bonganna pikiran teh "omes", jadi we.... teu dipikir 2 kalian naon nu di maksud ku si eneng (hade tah Neng!) ..Ehm, Neng padahal mah di tawisan kieu bae
ka Trio "O"....teh "Kumaha lamun kang Otong, Kang Odang sareng kang Oding mayar ka Euis,masing2 US $ 250, engke ku euis di ijinan kanggo cacabak paranti pipis euis!!" (punten ah...hampura sim kuring!!!)
Sanes kitu akang? Heup heula ach.....manggga lajeungkeun...
 
Wasalam
 
-pun adi-
 
-------------------------------

[EMAIL PROTECTED] wrote:





Dina kareta
-----------

Dina satengahing perjalanan make kareta eksekutip JKT-BDG, aya tilu urang
sobat
anu sok biasa mulang saminggu sakali ka Bandung,jigana anggota KGB meureun.
ngan duka ti KUSnet atanapi sanesna mah,..he..he...punten heureuy..
percanten ka urang KUSnet mah...balageurr..
ngarana..Otong, Odang jeung Oding maranehna keur ngagimbung wanoja
kawawuhan anyarna, Neng Euis nu make rok mini sajeungkal tina tuur, Geulis
tur seksi,cenah ah gawena jadi sekretaris di perusahaan terkenal di
Jakarta.
Maranehna ngobrol ngaler ngidul nepi ka hal-hal anu ngajurus kana nu teu
paruguh maklum kareta sore ka lebah purwakarta keun geus rada reup-reupan
maklum oge dimana aya trio"O" berarti didinya aya Omes  alias "Otak Mesum"
aya

Kabeneran otong keur korslet urat isengna ."Neng Euis bitis neneg mani
sae... kira2na kersa teu  lamun erokna rada di angkat?? kuring tiluan rek
mere hadiah masing2 US $ 5, yeuh tinggali!" bari ngumpulkeun duit dolar 3
lembar
Keur mah susah... terus dibere dolar , jaba dolarna  $ UrangSunda, piraanan
ngan ukur naekeun erok sautik... pikir Neng Euis... "naha make embung....
jadilah...sok  $15 kanggo luhureun bitis sareng sabudeureunana ..tah sing
wareg!!!".bari narik tungtung erok dua inci...tetep wajahna man innocent...

Ngarasa eupan Otong disanggut, Odang nimpalan..."Euis, kang Odang sanggup
mayar
US $ 25, keur muka tilu kancing Blazer euis nuluhur jeung ninggalikeun
jerona.."
Kang Otong sareng kang Oding oge tos satuju cenah
Si Euis mikir deuii... "Wah lamun tiluan berarti US $ 75, siapa takut???
jadilah neng Euis
muka kancing blazer na terus ninggalikeun nu aya dijerona....wow mani
ngaburusut teu kawadahan....Trio "O" ngan bisa kumethap......bari
ngachay.....

Neng Euis nu geus kagok asong sakalian ngasongkeun usulan ka Trio "O"....
Kumaha lamun kang Otong, Kang Odang sareng kang Oding mayar ka Euis,
masing2
US $ 100, engke ku euis di tinggalikeun paranti pipis euis!!
"Wahh........!!" serempak tiluan, dasar Omes langsung we tiluanana ngodok
saku
terus ngumpulkeun US $ 300."OKEH LAH...!!" ceuk tiluanana babarengan
deui..da maranehna mah geus kompak kana masalah nu teu araruni mah..

Terus neng Euis 'bari ganjen jeung centilna kaluar' ngumpulkeun US $ 300,
bari ngitung
terus nuntun tiluanana nu aroces ka gerbong tukang, terus Euis muka toilet
trus nyarios "Tah didieu paranti pipis Euis upami nuju dina kareta mah
!!"bari nunjukeun ka na Closet....bari cicikikikan ngageber-geber US $
390....

Trio "O" ngan bisa ngahuleng, US $ 100 na leungit keur ningali Closet
wungkul......


Salam,


-ts-







Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke