Ngiring ngaramekeun .....
 
Dina perkawis pabukon, aya sim kuring kahariwang dina perkawis pembaca (naon nya basa sunda anu pas ?) ... upami maos e-mail ti ua sas sabaraha waktos kalangkung yen di bumi anjeunna oge sepi pengunjung da sigana minat baca di urang teu acan sae ...
Dina hal ieu sim kuring gaduh pamikiran upami pabukon teh kerjasama sareng dinas pendidikan setempat, minimalna sakola anu pangcaketna ka pabukon atanapi sareng guru-guru nu aya di sabudeureuna ...
Pangalaman hirup di lembur murid mah sok kumaha guruna pisan, upami guruna resep maca tangtos muridna oge nurutan ... sanes ti eta, guru teh di pilemburan mah (nu apal pisan mah di ciamis kidul) masih keneh gaduh pangaruh dina hal program anu bakal dijalankeun di pilemburan .. margi kitu Golkar kenging dina pemilu ayeuna (punten rada mengkol) ...
Guru oge gaduh PGRI anu unggal sasih biasa nganyakeun panglawungan di tingkat kacamatan, ti ngawitan arisan dugi ka sanes kanten, dina kasempetan ieu tiasa dianggo kanggo promosi pabukon tea ... komo upami tiasa dugi ka tahap kerja sama ... hal ieu oge ngagampilkeun teknis kanggo nyebarkeun quisioner, da urang lembur mah rada isinan ...
 
Sakitu pamendak ti sim kuring ...
 
Wassalam,
\budhi
oritate permai
 
 
----- Original Message -----
From: o_arahman
Sent: Tuesday, May 18, 2004 2:11 PM
Subject: [UrangSunda] (1) Pabukon jeung IPM Jabar-->Re: ngobrol poe kamari..!

Sugan teh moal rada serius ngobrol dina riungan kamari di
pangulinanna Ua Sas. Geuningan mani euyeub jeung rada "katempuhan
buntut maung" si kuring teh. Enya soal kumaha cara ngaronjatkeun
ketak Yayasan urang, warga US anu patepung di milist, Yayasan
Perceka tea.

Rada telat datang teh, maklum nyambi jadi pagawe negri (aeh tibalik
ketang), tapi Alhamdulillah bukur obrolan mah heunteu katinggaleun
teuing. Rupa-rupa wacana jeung implengan sangkan Perceka jeung
Kusnet maju kapidangkeun, ditempas ku pamadegan jeung sumbang-saran
sewang-sewangan. Sadayana sae, ngan keur nyumangetan perlu aya
lengkah nyata anu praktis bari heunteu katinggaleun udaga idealisna.
Anu kapilih teh diantaran soal pabukon tea.

Pabukon Kusnet kalintang merenahna dina raraga ngawangun bangsa, di
mimitian di Tatar Sunda, salaku model. Hal ieu teh upamana bae
disawang tina program Jabar pikeun ngaronjatkeun IPM (indkes
pembangunan manusia) masyarakat Jabar. Pabukon tiasa jadi program
unggulan dina mateakeun (memberdayakan) budaya pikeun ngaronjatkeun
IPM warga Tatar Sunda.

Kabeneran, ti mimiti Taun 2002 si kuring ilubiung dina ngararancang
konsep pangwangunan regional makro jabar widang budaya. Malah dina
taun ieu eta kagiatan teh diteruskeun kana panalungtikan percontohan
budaya anu diberdayakeun pikeun ngaronjatkeun IPM. Salah sahiji
indeks tina IPM teh taya lian ti atikan (pendidikan) tea.

Hanjakal si kuring heunteu keur nyanghareupan data, ngan percaya
bae, sakumaha informasi ti Bapeda, yen IPM widang pendidikan Jabar
teh handap pisan, eleh ku Propinsi Jatim jeung Jateng,
pikahariwangeun. Tah kukituna Bapeda Jabar satekah polah narekahan
sangkan IPM widang atikan teh bisa ngaronjat deui. Nya diantarana
anu kapilih teh widang budaya, khususna pendidikan.

Tangtu ayeuna kaharti ku sarerea, kumaha pabukon strategisna dina
ngarojong program pamarentah (mencerdaskan bangsa), khususna, umumna
mah dina ngalaksanakeun kawajiban tiap warga pikeun eungeuh kana
pasoalan sasamana. Pabukon tiasa ngawalatrakeun kamampuhan maca
pikeun sakabeh warga Jabar. Anu jadi soal teh, kumaha ketak urang
sangkan eta udagan teh kahontal?

Pikeun ngahontal udagan anu jadi pasoalan, sababaraha kacindekan
tina riungan kamari diantarana: kudu terus ngaramekeun gerakan
pabukon tepi ka walatra ka satiap kabupaten (minimal aya pabukon di
unggal kabupaten). Kaduana, kudu nyieun indikator pikeun ngukur
hasil-heunteuna ieu program pabukon. Tah bagean anu akhir ieu
dipasrahkeun ka si kuring (nu matak disebut "katempuhan buntut
maung", tapi "maung anu hade" anu matak resep miarana).

Kukituna, mangga diantos ilubiung pamadegan sareng rojongan nyata
ngeunaan pabukon, boh fisik buku keur sumbangkeuneunna, usulan hal-
hal anu arek dijadikeun indikator, atawa informasi daerah prioritas
pikeun diadegkeun pabukon. Anu akhir, pidu'ana ti sadayana, si
kuring tiasa ngedit perencanaan jeung indikator program pabukon
saterasna.

Cag,
Baktosna,
manAR


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke