Nuhun Kang Dudi...!
Leres kamari ge dipadungdengkeun soal koperasi, mung kamari teh sim kuring rada ngangles ku alesan ngaran koperasi teh siga nu tos cambal, pedah kapungkur hirup jeung huripna koperasi teh langkung seueur ku kawijaksanaan ti luhur (top down..?), upami niatna bade usaha nu daria (profit oriented) nya atos we mangrupi PT, CV,Fa , sadayana ge tos terang yen PT mah tangtos milarian kauntungan.
Modalna nya ku cara nyimpen saham (teknis sareng aturan ieu ieuna mah tiasa dipadungdengkeun deui).
Mangga lajengkeun Kang...!
 
MSasmita
 
 
 
 
-----Original Message-----
From: dudi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, May 18, 2004 12:10 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] ngobrol poe kamari..!

Ua Sas, ieu manawi bahan katampi sim kuring seja sumbang sanggem perkawis tarekah YP supados janten yayasan anu mandiri henteu gumantung kahaat tinu sanes. Ti Ua aya wacana bade ngadegkeun wadah anu sifatna "profit oriented" diantawisna mangrupi lembaga hukum (PT, CV, Fa) atanapi koperasi.
  1. Lembaga hukum (PT): upami perusahaan indukna (hoding company) mangrupi PT. tiasa bae anu gaduh sahamna YP sareng anggota kusnet anu sayogi, manajemena tiasa anggota, tiasa profesional, konfensasina sareng pengelola tiasa profit sharing ieu anu langkung fair.
  2. Koperasi: koperasi mah mangrupi 'kumpulan orang-orang' nyaeta anggota kusnet tea, sumber danana tina simpanan pokok, simpanan wajib sareng simpanan sukarela. Kumargi anggota kusnet benten sareng anggota koprasi umumna, ieu mah anggotana nyebar dimana-mana kukituna upami simpanan/iuranna dikempelkeun unggal sasih atanapu unggal taun tanggtosna rada sesah. Tapi tiasa disiasati ku simpanan pokok cekap dibayar sakali salaku tanda janten anggota, kantun ageungna simpanan pokok tea. Simpanan Wajib oge kitu, atanapi diteu ayakeun. Simpanan Sukarela mah teu aya masalah tiasa rutin atanapi heunte, tiasa ngiringan tiasa henteu. Konfensasi kanggo pengurus biasa, profit sharing. Tong hilap dina AD/ART dina pembagian SHU kedang aya hancengan kanggo YP.
Perkawis peta (mapping) anggota kusnet anu kailhaman ku AS/OS (Apa Siapa Orang Sunda) ti Kang AR, tiasa bae urang ge ngadamel "saha sareng kumaha profile anggota kusnet" ayeuna mah kantun ngempelkeun cv plus photo-na. Mangga geura derlah...
 
Wassalam,
dudi_ss


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke