Nuhun Kang Im...!
Buku saena mah kintun we ka Rajamantri, keun ti Rjm bade langsung diringkid ka Mayak.
Atuh bilih bade sareng ka Mayak diantosan di Rjm.
 
MSas
 
-----Original Message-----
From: kang_boim [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, May 18, 2004 9:36 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Re: ngobrol poe kamari..!

Haturan Ua Sas...damang..?
muhun kana bewarana, wah resep nya ngariung bari ngobrol komo ieu aya
kang Maman Gantra (MGT) anu seueur luang jeung pangalamana da anjeuna
mah pan wartawan tea.
Perkawis buku anu tos dijanjikeun ku abdi waktos kongres tea ku sim
abdi parantos di kintun ka Raja mantri, malih mah kamari abdi tos
kenging deui buku teh (2 dus buku-buku SD). Atuh pami ping 20 bade ka
mayak mah ku abdi buku teh insya Allah enjing dikintunkeun mung duka
kamana yeuh ngintuna naha ka Rajamantri atanapi ka Margawangi
nya...heheh. Insya Allah sim abdi parantos ngayakeun razia ka baraya-
baraya lan sobat-sobat sing saha bae anu ngagaduhan buku-buku bacaan
anu teu kakanggo piwarang dikumpulkeun engke ku abdi bade
angkut...heheh (pan sakedap deui taun ajaran enggal nya...?).
Sim abdi ngarojong kana sagala naon-naon anu bakal digarap ku kusnet
lan YP.

Cag...ah, hatur nuhun. Hidup kusnet..., hidup YP...!!!


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke