Sugan teh moal rada serius ngobrol dina riungan kamari di pangulinanna Ua Sas. Geuningan mani euyeub jeung rada "katempuhan buntut maung" si kuring teh. Enya soal kumaha cara ngaronjatkeun ketak Yayasan urang, warga US anu patepung di milist, Yayasan Perceka tea.
Rada telat datang teh, maklum nyambi jadi pagawe negri (aeh tibalik ketang), tapi Alhamdulillah bukur obrolan mah heunteu katinggaleun teuing. Rupa-rupa wacana jeung implengan sangkan Perceka jeung Kusnet maju kapidangkeun, ditempas ku pamadegan jeung sumbang-saran sewang-sewangan. Sadayana sae, ngan keur nyumangetan perlu aya lengkah nyata anu praktis bari heunteu katinggaleun udaga idealisna. Anu kapilih teh diantaran soal pabukon tea. Pabukon Kusnet kalintang merenahna dina raraga ngawangun bangsa, di mimitian di Tatar Sunda, salaku model. Hal ieu teh upamana bae disawang tina program Jabar pikeun ngaronjatkeun IPM (indkes pembangunan manusia) masyarakat Jabar. Pabukon tiasa jadi program unggulan dina mateakeun (memberdayakan) budaya pikeun ngaronjatkeun IPM warga Tatar Sunda. Kabeneran, ti mimiti Taun 2002 si kuring ilubiung dina ngararancang konsep pangwangunan regional makro jabar widang budaya. Malah dina taun ieu eta kagiatan teh diteruskeun kana panalungtikan percontohan budaya anu diberdayakeun pikeun ngaronjatkeun IPM. Salah sahiji indeks tina IPM teh taya lian ti atikan (pendidikan) tea. Hanjakal si kuring heunteu keur nyanghareupan data, ngan percaya bae, sakumaha informasi ti Bapeda, yen IPM widang pendidikan Jabar teh handap pisan, eleh ku Propinsi Jatim jeung Jateng, pikahariwangeun. Tah kukituna Bapeda Jabar satekah polah narekahan sangkan IPM widang atikan teh bisa ngaronjat deui. Nya diantarana anu kapilih teh widang budaya, khususna pendidikan. Tangtu ayeuna kaharti ku sarerea, kumaha pabukon strategisna dina ngarojong program pamarentah (mencerdaskan bangsa), khususna, umumna mah dina ngalaksanakeun kawajiban tiap warga pikeun eungeuh kana pasoalan sasamana. Pabukon tiasa ngawalatrakeun kamampuhan maca pikeun sakabeh warga Jabar. Anu jadi soal teh, kumaha ketak urang sangkan eta udagan teh kahontal? Pikeun ngahontal udagan anu jadi pasoalan, sababaraha kacindekan tina riungan kamari diantarana: kudu terus ngaramekeun gerakan pabukon tepi ka walatra ka satiap kabupaten (minimal aya pabukon di unggal kabupaten). Kaduana, kudu nyieun indikator pikeun ngukur hasil-heunteuna ieu program pabukon. Tah bagean anu akhir ieu dipasrahkeun ka si kuring (nu matak disebut "katempuhan buntut maung", tapi "maung anu hade" anu matak resep miarana). Kukituna, mangga diantos ilubiung pamadegan sareng rojongan nyata ngeunaan pabukon, boh fisik buku keur sumbangkeuneunna, usulan hal- hal anu arek dijadikeun indikator, atawa informasi daerah prioritas pikeun diadegkeun pabukon. Anu akhir, pidu'ana ti sadayana, si kuring tiasa ngedit perencanaan jeung indikator program pabukon saterasna. Cag, Baktosna, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], "kang_boim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Perkawis buku anu tos dijanjikeun ku abdi waktos kongres tea ku sim > abdi parantos di kintun ka Raja mantri, malih mah kamari abdi tos > kenging deui buku teh (2 dus buku-buku SD). Atuh pami ping 20 bade ka > mayak mah ku abdi buku teh insya Allah enjing dikintunkeun mung duka > kamana yeuh ngintuna naha ka Rajamantri atanapi ka Margawangi > nya...heheh. Insya Allah sim abdi parantos ngayakeun razia ka baraya- > baraya lan sobat-sobat sing saha bae anu ngagaduhan buku-buku bacaan > anu teu kakanggo piwarang dikumpulkeun engke ku abdi bade > angkut...heheh (pan sakedap deui taun ajaran enggal nya...?). > Sim abdi ngarojong kana sagala naon-naon anu bakal digarap ku kusnet > lan YP. > > Cag...ah, hatur nuhun. Hidup kusnet..., hidup YP...!!! > > BM'69 > --- In [EMAIL PROTECTED], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kamari (tgl 17 Mei 2004) teh antara tabuh 9an isuk isuk Kang Maman > Gantra > > (MGT), nelepon, ngajak ngobrol di Kang Oman AR, atuh sakalian we > ngajak MJ, > > jangjianana mah tabuh sawelasan, ngan kulantaran Kang Oman AR, aya > > kaperyogian heula, nya Kang MGT kurunyung ka kantor kuring tabuh > sapuluhan, >> > > > MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

