Bieu teh aya perlu ka Kantor nu Jl Cisanggarung, ngan memeh kadinya teh ulin heula ka RRI Bandung, di Jl P Diponegoro, niat teh rek neangan rekaman Sunda, ka RRI teh duaan jeung Kang Jajakakapakan.
Papanggih jeung Pa Djudju, penyiar, kalawan nu nyekel musik, ari siaranana inyana dina acara Sisindiran samemeh acara Kang Nano.S, nya atuh pok we nepikeun pamaksudan ka Pa Djudju, demi rekaman anu dimaksud teh nyaeta kayaning Beluk, Wawacan, Pantun, Kendang Penca jste.
Kuring dititah datang deui poe rebu anu bakal datang, sugan aya cenah, da rekaman baheula teh kudu dikorehan heula, nya muga muga we aya keneh, kahayang kuring mah rekaman eta teh geus dikana-CD-keun.
 
Sugan we aya.
 
MSasmita
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke