Kang Hasan cobian ngintun email ka Mangle on line, manawi aya keneh alamatna eta sepuh, urang udag we komo upami di Bandung mah, urang tepangan. Ari sim kuring mah pedah kamari aya nu naroskeun rerencangan, saurna teh "tong buku basa Sunda wungkul atuh....coba musik Sunda ge kumpulkeun...!" sim kuring rada nyanggeman, soal hasil henteuna mah keun we ari tos dicobi mah.
MSas -----Original Message----- From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, May 21, 2004 1:51 PM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: RE: [UrangSunda] Nganjang ka RRI --- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Dina Mangle nu irahanya..? Leuh Ua Mangle heubeul pisan. Kapungkur nalika sim kuring masih keneh di Bandung. Dumeh pun biang teh langganan. Janten persisna terbitan iraha sim kuring tos hilap tah. Kapungkur teh, asana kieu. Eta sepuh teh, anu ngoleksi rekaman tea, kalintang hariwangna. Margi eta koleksi teh kirang karoris. Numutkeun katerangan mangle koleksina teh kacida lengkepna. Ti ngawitan kasenian buhun nu kiwari tos arang langka dipintonkeun deui. Harita teh aya niat hoyong nepangan eta sepuh, namung teu kalaksanakeun. Ayeuna tos mang tahun-tahun. Puguh sik kuring oge sakedik-sakedik mah nuju diajar ngoleksi perkawis kasenian sunda teh. Maksad teh bade di-digital-keun. Nya ayaeuna teh nuju maksakeun nyoceng artos balanja, kanggo meser alat-alat digital. Ah ieu mah pedah resep we atuh Ua, da seniman sanes, juragan sanes, mung resep ngupingkeun we sareng nonton. Hasan > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

