Oh..janten salira teh rai na Pa Ateng Amas..
Leres abdi kantos kawulang ku tuang raka teh. Malih ma ngaraos caket ka anjeuna teh margi pan anjeuna mah kantos di bagian kesiswaan (OSIS panginten kapungkur mah katelahna teh). Dupi bu Wuwung teh tuang raka atanapi rai ?
 
Upami di Gelembung mah abdi sa angkatan sareng Teh Entin putrana pa Udo. Sareng Kang Dadang ti palih wetan .Palih wetana deui Kang Lukman putrana pa Salu.  Upami ti Mandalaherang na mah sareng Kang Jaja (Muhammad Sudrajat) putrana Apih Toyib.
 
Asana teh da abdi oge gaduh wargi (mung hilap namina, punten) caket ka bumi pa Ateng teh. Upami teu mah bumina teh anu palih wetaneun pabrik tegelna pisan. Mung rada kalebet sakedik, caket lapang badminton. Raraosan  kapungkur (tahun 75-76 an) mah aya lapang badminton palih dinya teh . Emut da waktos di SD kantos aya pertandingan sareng SD Mandalah Herang.
 
Pun Bapa mah dines na di Cimalaka, janten pulisi (PJR) kapungkur mah kasebatna teh. Nanging anjeuna parantos pupus waktos abdi di smp keneh.
Nuhun atuh parantos ditepangkeun sareng bah Willy, baktos ka Tuang Raka.

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kutan teh kantos di wetaneun Pa Udo? puguh we atuh kenal sareng Pa Udo mah.
Ari sim kuring mah kapungkur pengkereun pabrik tegel (kuloneun Pa Udo). Pun
lanceuk oge kapungkur ngawulang di SMPP namina teh Ateng Amas, kawulang
henteu ku Pa Ateng Amas?. Kapungkur tuang rama didamel dimana?

-BahWilly-

----- Original Message -----
From: Enjang Samaria
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, May 21, 2004 11:06 AM
Subject: Re: [UrangSunda] Re: puuunn ten...


Ke..ke.. Bah Willy,
Abdi oge da kantos di Gelembung teh.....
Kapungkur tahun 69-70. harita mah abdi ge teu acan sakola-sakola acan.
Pun Bapa ngontrak bumi-na caket bumina (palih wetaneun Pa Udo).
Tangtos Bah Willy oge uninga ka Pak Udo mah, sanes ? Anjeuna kantos
ngawulang di SMPP. Euleuh geuning seueur wargi saren tatanggi nya di kusnet
teh.





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Find local movie times and trailers on Yahoo! Movies.


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke