--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Dina Mangle nu irahanya..? Leuh Ua Mangle heubeul pisan. Kapungkur nalika sim kuring masih keneh di Bandung. Dumeh pun biang teh langganan. Janten persisna terbitan iraha sim kuring tos hilap tah.
Kapungkur teh, asana kieu. Eta sepuh teh, anu ngoleksi rekaman tea, kalintang hariwangna. Margi eta koleksi teh kirang karoris. Numutkeun katerangan mangle koleksina teh kacida lengkepna. Ti ngawitan kasenian buhun nu kiwari tos arang langka dipintonkeun deui. Harita teh aya niat hoyong nepangan eta sepuh, namung teu kalaksanakeun. Ayeuna tos mang tahun-tahun. Puguh sik kuring oge sakedik-sakedik mah nuju diajar ngoleksi perkawis kasenian sunda teh. Maksad teh bade di-digital-keun. Nya ayaeuna teh nuju maksakeun nyoceng artos balanja, kanggo meser alat-alat digital. Ah ieu mah pedah resep we atuh Ua, da seniman sanes, juragan sanes, mung resep ngupingkeun we sareng nonton. Hasan > Insya Alloh upami ameng ka Mangle bade nyobian > naroskeun. Sugan we di RRI teh leres aya. > > MSas > > -----Original Message----- > From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: Friday, May 21, 2004 11:41 AM > To: [EMAIL PROTECTED] > Subject: Re: [UrangSunda] Nganjang ka RRI > > > Ua Sas, punten ngiring mairan. Perkawis rekaman > kasenian Sunda, asana kapungkur kantos maos dina > Mangle, yen cenah aya sepuh urang Bandung, anu > kagungan koleksi kacida lengkepna. Eta koleksi teh > kagungan anjeuna nyalira, malah seueur anu direkam > naylira. Panginten alamatna aya di Mangle geura. > > Baktosna, > Hasan > > > __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Domains � Claim yours for only $14.70/year http://smallbusiness.promotions.yahoo.com/offer Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

