Malaysiana: Kiri, Kiri-Kiri
Ieu oge masih pangalaman batur kuring, urang Malaya nu
ulin ka Bandung tea. Caritana manehna teh hayang ulin
ka Alun-Alun. Manehna terus nanya ka pagawe hotel,
kumaha carana lamun rek ka Alun-Alun. "Naek Angkot we
atuh Pak!" ceuk pagawe hotel teh. Atuh terus we
manehna teh megat Angkot nu nuju ka Alun-Alun.
Harita teh pangalaman munggaran batur kuring naek
Angkot. Waktu Angkot keur nyemprung maju, aya
panumpang nyoara: "Kiri-kiri" cenah. Terus Angkot teh
eureun, panumpang tadi tea jut turun. Batur kuring teh
olohok we da teu ngartieun. Angkot teh geleser we maju
deui. Teu lila ti harita, aya panumpang deui nyoara:
"kiri-kiri" cenah. Atuh angkot teh ka sisi deui, reg
eureun. Sajajalan kitu jeung kitu we eta Angkot teh.
Atuh batur kuring teh unggut-unggutan, nagrti meureun
ayeuna mah, bari nyimpulkeun kieu cenah: Lamun "kiri"
sakali hartina belok ka kenca. Tah lamu "kiri-kiri"
pasti cenah maksudna teh kudu eureun.
MH, Malaya, 21 Mei 2004.
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Domains � Claim yours for only $14.70/year
http://smallbusiness.promotions.yahoo.com/offer
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/