Hehehe, jigana mah keur usumna nya "haraneut".
 
Baraya, Ieu kuring mah rek nyobaan milu "ngacapruk", naon kira-kirana parameter anu bisa dipake pikeun ngalelebah naha hiji tulisan teh "merenah" atawa heunteu dipostingkeun. Meureun kieu, cenah mah najan kumaha wae, hakim nu panungtungan taya lian aya dina panalar jeung pangrasa urang sorangan. Jadi jalur kahiji, ngalelebahna bisa kieu: upama urang boga budak, cik sugan eta tulisan teh naha cocog atawa heunteu upama dibaca ku barudak urang. Jalur kadua, naek ka luhur, cik sugan numutkeun panalar jeung pangrasa urang naha eta tulisan teh cocog pikeun dibaca ku kolot-kolot urang. Sugan kitu oge. Hehehe.
 
Wilujeng diskusi "haneut".
 
===
mh

Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Surya sareng Kang Didi (atanapi saha bae nu terang)...

Abdi mah tibalik, justru hoyong terang kumaha nu peta ti payun ngajelaskeun nilai seni tina pantun(?) nu dikintun tea.

Soalna asa gampang pisan jelma nyebut "ieu mah seni". Balaka abdi mah teu ngarti kumaha nu siga karitu tiasa "nyeni" (serius Kang yeuh, teu ngarti pisan abdi).

Mangga ah prung jelaskeun kumaha nyenina pantun eta teh??

Baktos
[EMAIL PROTECTED]

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Surya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wilujeung Siang
>
> Mang Jamal
>
> neda dihapunteun sateuacanna, mun abdi kumawantung tumaros ka
Emang, Ayeuna emang salaku Magister Seni ti ITB, oge salaku kuncen
di ieu babakan, sarta ieu posting pernah katampi ku emang,
> sigana emang ngagaduhan hiji alesan
> yen posting ti Kang Didi teh salah
> cing naon alesan emang ?
> sakali deui abdi neda dihapunteun, sanes abdi kumawantun
> mung ieu teh kan tos lami "beredar" di milis-milis nu lain
> saha nu apal, isuk jaganing geto, disalah sahiji milis
> nu kuabdi "ikuti" aya postingan model kieu,
> pan abdi tiasa ngawaler, yen eta teh salah.


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke