Kang Trias lepat. Di Jawa Tengah aya 'kantong'2 Sunda nu tangtu masih marake basa Sunda. Sami sareng 'fenomena' lobana ngaran wewengkon di Jateng nu nyunda, kanyataan ieu teh memang bukti ayana kakawasaan karajaan2 Sunda baheula.
On 4/9/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bener kitu? Meureun kudu dibedakeun antara wilayah kakawasaan jeung wilayah kabudayaan atawa wilayah basa. Bisa jadi wilayah kakawasaan Pajajaran memang tepi ka Cipamali, tapi dina kanyataanana rahayat jawa tengah kabeh make basa jawa, euweuh nu basa Sunda.

