Hartosna upami ngaberdayakeun masyarakat teh tugas pamarentah, tangtos masih 
top down keneh panginten? padahal anu diperyogikeun dina ngirangan masalah teh 
kedah sasarengan antawis masyarakat sareng pamarentah dina masing-masing 
pancenna. Kitu manawi?Sok teraskeun, mamanawian janten aya manfaatna, insya 
Alloh. wassalam. 

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Punten upami kuring mairan 
hiji masalah rada-rada
akedemis, tapi teu pati jero, dan sadidintenna
ngagugulung nu kitu, tapi bari jeung
sapotong-sapotong.
Rebo kamari di FISIP UI, aya acar promosi doktor
saderek Mara Oloan Siregar,padamel Pemda DKI anu S1 na
ti Planologi ITB, S2 na elmu lingkungan UI. Tah
disertasina (S3) ti Departemen Ilmu Administrasi FISI
P UI. Judul disertasina teh "Institusionalisasi Peran
Serta Masyarakat dalam Perencanaan Tata Ruang Kota".
Naon kaitanana sareng bahasan perkara Beus Kota di
Bandung?
Enya di Jakarta wae anu pendudukna 9,8 juta jiwa,
kakara ditalungtik pentingna "peran serta masyarakat".
Sok sanajan ayeuna aya oge di tingkat kelurahan teh 
Lembaga Pemberdayaan Masyarakat, tapi da tetep wae
atuh kawijakan anu aya masih "top Down".
Jigana kota-kota di Indonesia masih tetep bakal
"semrawut" upama teu ngalibetkeun "peran serta
masyarakat". tapi cenah, ceuk Dr. Oloan teh,
kadang-kadang sok aya 'Sekelompok' masyarakat anu "sok
Tahu", padahal mah "teu nyambung" jeung pasualan anu
aya.
Cindekna mah, salila masyarakatna heunteu
diberdayakeun/pigeuykeun, kaayaan moal maju-maju.
Tugasna saha atuh migeuykeun masyarakat teh? Tugasna
pamarentah.

baktos,

mrachmatrawyani

--- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Bandung ayeuna teu acan reuah ku Beus parantos
> ngalangan macet ku kiriman mobil urang luar
> kota..pang2na mah Jakarta. Ningali pangalaman di
> Jakarta lamun Bwus Kota diusulkeun solusi kangge
> "mass
> transport"..malahan tambah pegel..macet
> total..kumargi
> ukuran jalan2 di Bandung umumna ngan 2 lane. beus
> ngarayap..pasti macet...PEMDA bandung kedah mimiti
> mikirkeun Non Road Mass Transport....
> 
> 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke