Taun 80-an pamarentah kungsi ngaganti bemo ku angkot, sukses, teu aya masalah. Polusi udara ngurangan, jalan teu gandeng teuing ku sora bemo nu norekan ceuli. Diajar tina pangalaman ieu, piraku teu bisa ngaganti angkot ku beus. Mun teu bisa, cik manawi aya baraya kusnet nu uninga, naon hesena, naon masalahna? TS
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Hartosna upami ngaberdayakeun masyarakat teh tugas pamarentah, tangtos masih top down keneh panginten? padahal anu diperyogikeun dina ngirangan masalah teh kedah sasarengan antawis masyarakat sareng pamarentah dina masing-masing pancenna. Kitu manawi?Sok teraskeun, mamanawian janten aya manfaatna, insya Alloh. wassalam. MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Punten upami kuring mairan hiji masalah rada-rada akedemis, tapi teu pati jero, dan sadidintenna ngagugulung nu kitu, tapi bari jeung sapotong-sapotong. Rebo kamari di FISIP UI, aya acar promosi doktor saderek Mara Oloan Siregar,padamel Pemda DKI anu S1 na ti Planologi ITB, S2 na elmu lingkungan UI. Tah disertasina (S3) ti Departemen Ilmu Administrasi FISI P UI. Judul disertasina teh "Institusionalisasi Peran Serta Masyarakat dalam Perencanaan Tata Ruang Kota". Naon kaitanana sareng bahasan perkara Beus Kota di Bandung? Enya di Jakarta wae anu pendudukna 9,8 juta jiwa, kakara ditalungtik pentingna "peran serta masyarakat". Sok sanajan ayeuna aya oge di tingkat kelurahan teh Lembaga Pemberdayaan Masyarakat, tapi da tetep wae atuh kawijakan anu aya masih "top Down". Jigana kota-kota di Indonesia masih tetep bakal "semrawut" upama teu ngalibetkeun "peran serta masyarakat". tapi cenah, ceuk Dr. Oloan teh, kadang-kadang sok aya 'Sekelompok' masyarakat anu "sok Tahu", padahal mah "teu nyambung" jeung pasualan anu aya. Cindekna mah, salila masyarakatna heunteu diberdayakeun/pigeuykeun, kaayaan moal maju-maju. Tugasna saha atuh migeuykeun masyarakat teh? Tugasna pamarentah. baktos, mrachmatrawyani --- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Bandung ayeuna teu acan reuah ku Beus parantos > ngalangan macet ku kiriman mobil urang luar > kota..pang2na mah Jakarta. Ningali pangalaman di > Jakarta lamun Bwus Kota diusulkeun solusi kangge > "mass > transport"..malahan tambah pegel..macet > total..kumargi > ukuran jalan2 di Bandung umumna ngan 2 lane. beus > ngarayap..pasti macet...PEMDA bandung kedah mimiti > mikirkeun Non Road Mass Transport.... > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos. --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check outnew cars at Yahoo! Autos.

