Miteskeun Mitos Ngahuma
  (Ngomentaran tulisan MJ jeung GK -- saeutik)
   
  Basa maca Diskriminasi Kabudayaan yasana GK 
(http://www.ganjarkurnia.com/?p=26), kuring langsung ateul. Hayang tret nu lis. 
Nyanyahoanan saperti biasa, ngengklokan eta seratan: Urang lain bae sok 
diskriminatif kana kabudayaan teh. Tapi, sok pinter kodek. Malah antukna 
nyasabkeun pisan. Kabudayaan teh remen ukur jadi panyumputan,  paneumbleuhan, 
atawa kedok wungkul tina katuna diri salaku manusa, salaku seler, salaku bangsa 
-- nu antukna patojaiah jeung kaluhungan nu,  cenah, jadi udagan jeung 
titincakan kabudayaan. Cohagna kabudayaan atawa bubudayaan teh ukur gagayaan 
wungkul. Ukur dimumule, lain dikokolakeun.
  Teu ku hanteu, can tret nulis, kaburu manggih tulisan MJ nu mairan tulisan 
Dulwahab ieu (http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/111483). Keur 
kuring, tulisan MJ eta salah sahiji conto kumaha kabudayaan ukur jadi alesan 
atawa paneumbleuhan. Malah nyasabkeun pisan. Dina hal ieu, nu jadi 
paneumbleuhan tadi, perkara budaya huma nu, cenah, jadi pasipatan urang Sunda. 
Ku naon kitu? Kieu:
   
  Nu kaharti ku kuring, tulisan MJ eta rek nunjukkeun: Alatan budaya huma tadi, 
urang Sunda remen sosoranganan. Antukna, prestasi urang Sunda teu katingal. 
Sabab, mun urang leukeun jeung gemet ningalina, teu saeutik urang Sunda nu 
miboga prestasi nu pikaajriheun. Utamana, dina conto nu disodorkeun ku MJ: 
Urang Sunda nu bubuara di luar nagri.
  Kuring ngarti, lian ti ngiklankeun Kusnet, maksud MJ ngembrakeun naon nu aya 
dina tulisannana teh keur miteskeun “pesimisme” nu nyampak dina tulisan 
Dulwahab. Ngan, aya sawatara hal nu keur kuring kurang merenah. Kahiji, dina 
paningal kuring, tulisan MJ eta asa teu nyambung jeung tulisan nu 
diengklokannana. Paling heunteu, meureun, teu “aple to aple” tea. (Teu beda 
jeung komentar kuring dina kasus ieu: 
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/111244). Malah, siga ceuk 
tadi: Tulisan MJ eta bisa nyasabkeun jalma tina naon nu keur dipisoal – dina 
hal ieu nasib urang Sunda salaku hiji seler. Salaku hiji komunitas.
  Naon pakaitna antara rumeukna nasib urang Sunda, salaku hiji seler, nu ku 
Dulwahab dikuatkeun ku angka-angka statistik, jeung prestasi-prestasi individu 
– nu kabeneran majajaran di luar Tatar Sunda? Naha MJ rek nyarankeun urang 
Sunda sangkan kabeh imigrasi ka Amerika atawa ka Australi? Sangkan maraju? 
  Leuwih ti kitu, ku nyodorkun angka-angka statistik tadi, pasoalan nu 
diembrakkeun ku Dulwahab satemenna geus kawilang seukeut. Yen Tatar Sunda atawa 
SDM Sunda keur  kritis. Tah, bari nyabit-nyabit perkara budaya huma tadi, 
pasoalan nu geus seukeut teh ku MJ dimintulkeun deui. Jadi atah deui. Atawa 
rumeuk deui. 
  Kadua, MJ “rada” teu konsisten atawa – nginjeum istilah nu oge dipake ku MJ 
dina eta tulisan -- “naif”. Di bagian lian tulisannana MJ geus bener ku 
nyabit-nyabit perkara “politik”, “hak prerogatif”, jeung “kebanggaan”. Tapi, 
siga nu kabaca ku sarerea, dina tilu parapat tulisanna inyana karah nyalenggor 
kana perkara kabudayaan – budaya huma tea. 
  Maksud kuring: Mun MJ museur kana perkara kawijakan jeung praktek politik nu 
salah salila ieu – sentralisasi nu dibarungan ku watek jeung praktik koruptif 
atawa kabelegugan pisan, dibarung ku dipilihna Jawa Barat (jeung Banten) salaku 
pusat industrialisasi, nu ngabalukarkeun “Sunda heurin ku tangtung”, nu ahirna 
jati kasilih ku junti atawa handapna kualitas hirup SDM Sunda -- pasoalan bisa 
leuwih jelas. Hartina, “tesis” Sarwono dina ngurangan migrasi ka Jakarta bisa 
dipake: Desentralisasi atawa otonomi daerah kudu dipake pikeun ngahangkeutkeun 
wewengkon daerah (sejen) – di dieu relevansi jeung urgensina urang Sunda kudu 
makalangan di tatar nasional atawa di wewengkon sejen pisan. Sabab, jalma 
datang ka Tatar Sunda, alatan kabongbroy ku kahirupan nu leuwih ngeunah. 
Dibarungan ku birokrasi urang nu belegug jeung koruptif tadi, bari kahieuman 
sentralilasi nu sarua korup jeung belegugna, antukna urang Sunda sorangan teu 
kageroh.
  Lian ti kitu, mun tea mah MJ keukeuh rek ngayonan tulisan Dulwahab tadi tina 
angle “kabudayaan”, naha pas “budaya huma” dijadikeun kojo, dina harti 
disodorkeun jeung ditegeskeun pisan salaku pasipatan urang Sunda? Boa-boa, dina 
hal ieu, perkara kasomeahan atawa sipat terbuka urang Sunda nu leuwih tegep 
diasongkeun. Kasomeahan ieu, keur urang Sunda nu dumuk di sarakan, lain bae 
matak betah semah. Tapi, dibarungan ku “pasoalan politik” tadi, oge malindes ka 
dirina: Kaered tina kahirupan. Jati ka silih ku junti. Keur urang Sunda nu 
ngumbara, nya matak “wellcome” nu disemahan. Da, someah tea.
  Sanajan, perkara kasomeahan nu diklaim jadi pasipatan urang Sunda eta kudu 
ditalek deui bener heunteuna. Ongkoh, atawa sabab, dina perkara prestasi 
individu jeung seler ieu, lian ti pasoalan-pasoalan “politik” tadi, bisa jadi, 
sarupaning “falsafah si Kabayan” nu ngagejeburkeun urang Sunda kana krisis 
kiwari teh: Mangga ti payun, hirup mah durang-duraring, jeung budaya 
popoyongkodan lianna. Lain budaya huma. Sabab, mun tigin ngalarapkeunnana, bari 
mun tea mah bener nya budaya huma eta nu jadi matak urang Sunda “individualis”, 
pantesna urang Sunda teh jauh tina pasipatan feodal atawa paguyuban pisan (?). 
Oge, bener, budaya huma eta aya gorengna: Paaing-aing. Tapi, efek positifna: 
(kuduna) urang Sunda miboga virus N-Ach nu gede. Gede kahayang pikeun “tanjeur 
na juritan”. Sakali deui, mun tea mah bener budaya huma eta nu jadi DNA urang 
Sunda.
  Kuring sorangan, di luar bener heunteuna perkara huma eta nu jadi watek dasar 
budaya jeung paripolah urang Sunda, hayang miteskeun eta mitos. Ku naon? Nya, 
sok jadi paneumbleuhan tea. Urang Sunda teu bisa ngahiji alatan budayana budaya 
huma, paaing-aing. Bari...wallohu alam!
   
  Gang Tengah, 20 Februari 2007
    


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke