Punten mang, ngiring mairan...
Perkawis adat, leres pisan upami gumantung ka cara
urang ngigelkeuna. 

Diantawisna wae nu ngenaan tuangeun, numutkeun teori
"You are what you eat" salah sawios panyabab urang
sunda janten rada kirang gaduh kawani, cenah margi
urang lewih resep nuang hehejoan (tatangkalan) batan
hewani, janten panyipatana oge relatif siga
tatangkalan, nyaeta cenderung pasif, sanaos gaduh
potensi sakumaha ageung oge.

Benten sareng urang sulawesi, nu resep lauk, tah
sipatna oge nyaketan sapertos lauk, tara daek
cicing,resep ngider... 

Urang sumatra nu resep daging, apanan sok kaliwat
aktip  bari sakapeung sok janten agresor...

Numawi, tuangeun oge, salah sawios investasi nu kedah
diperhatoskeun ku urang, dalah pami urang hoyong kiat
nyaingan nu sanes, utamina ka katurunan urang... da
investasi gizi mah teu tiasa di ulang waktosna....

baktos,



--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>
> soal adat suradat sabenerna kumaha cara urangna
> ngigelkeunana, meureun
> ketang. maksudna, mun ngagugulung kanyataan yen adat
> urang loba nu
> goreng, nya da eta mah soal watek -nu sigana geus
> kitu da dicipta ku
> alam tempat hirup. maksud si kuring, ku sagala
> rupana nu dipiboga ku
> urang, adat hade adat goreng, nu oge dipiboga ku
> seler sejen, urang
> kudu bisa maju. tinggal tarekahna nu proporsional.
> 
> 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke