nuhun kang. mun lumpatna kana soal bebeneran, tangtos tulisan si kuring ngan
ukur asup bener sacara korespondensi. adequatio rei et intellectus. saluyu
jeung kanyataan atawa nyambung jeung kanyataan.  cek legegna mah abdi mung
nyerat naon nu aya, sanes nu kudu aya.

mung kitu tah pamendak si kuring mah deet keneh pisan, kitu oge mung ukur
wadul.

tapi tangtos eta pamendak teh relatif. ngahuma oge ku si kuring ngan
dianggap bener sacara relativis historis, tapi bisa jadi relativis
koherensi, asup akal. sanes bebeneran revelasi- kudu kitu. ongkoh soal
etnisitas mah meureun make bebeneran relativis sosiologis, bari jeung unggal
wewengkon bisa beda komo mun ditalikeun jeung kaindonesiaan.

tulisan eta bisa, atawa kaci mun make teori bebeneran koherensi-sabab asup
akal, bari kaci make relativitas relasional, sanajan masih kudu diadukeun
jeung teori bebeneran pragmatis. maksudna, mun memang aya gunana, misana
jadi sumanget siap sadia usaha sorangan teu ogoan teu ngaharep ka batur
dulur jsb, nu ngabalukeun KKN, wadul ngahuma eta, nya teu nanaon.

tangtos akang nu langkung pangalaman  tiasa ngebrehkeun kalayan eces kumaha
kuduna.

sabenerna hade  guyub atawa ngahiji, tapi ari ngan jadi bangsa meri -domba
cek Nietszche mah,-nya mending make jurus ngahuma.

mun ngahuma salah jadi artefak pikiran urang, meureun kaayaan geografis
tropis nu nyiptakeun urang siga kieu.
-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke