Ngiring mairan ah ..

Kuring sapuk jeung Kang Maman soal kudu dipiteskeunna "Mitos Ngahuma" teh. Da 
ceuk pamikir kuring mah lain eta (wungkul) nu nyababkeun teu "ngahijina" US 
teh. Pan geus pada nyaho (meureun) yen ti baheulana sistem sosialna geus "teu 
ngahiji". Di Sunda, pan cenah sistemna federal tea. Aya raja kuningan, 
Sumedang, Kendan, Galunggung, Singapura jeung rea-rea deui. Intina mah geus 
misah ti baheulana ge. 

Tapi, sanajan kitu lain hartina nya geus we keun di baeu keun. Nu kapikir (tapi 
can dilampah) ku kuring pastina ge kapikir ku nu lian, hijikeun deui US teh. 
Salah sahiji cara pikeun eta nya ku nyebarkeun informasi yen Sunda teh hiji.

Conto : Nu karasa, Urang Cirebon ayeuna kurang ngarasa nyunda. Padahal ceuk US 
nu lian manehna teh US oge. Hal ieu disababkeun teu saruana informasi anu 
dipikanyaho ku US di Cirebon jeung US lianna. Ceuk US, Cirebon teh (dina hal 
ieu Sunan Gunung Jati) turunan pajajaran (=Siliwangi) tapi lamun ku urang 
ditingali rundayanna (contona we dina wiki) anu naratat teh malah rundayan ti 
urang arab. Nu kitu lain hartina salah, tapi kudu oge di informasikeun yen 
rundayan nu sejennya teh ti raja pajajaran oge.

Nya upaya nu lain nyaeta "munculkeun" tokoh-tokoh Sunda dina bacaan budak 
sakola, komo mun asup kana kurikulum mah. Nu ayeuna aya karek Oto, jeung 
Juanda. Coba lamun aya nu ngagambarkeun kumaha gagahna Niskala Wastu atawa Jaya 
Dewata (Pamanah Rasa) nu gagah jeung bisa ngamajukeun ngagedekeun Sunda. Dina 
hal ieu kuring sapuk pisan kana soal komik Wastu. Keun bae mirip babah ngamuk 
oge, da ceuk kuring mah lain Wastu nu mirip babah tapi babah nu mirip Wastu. 
keun we beubeungeutan mah kuma nu ngagambar. Ngan leuwih hade dikenalkeun heula 
dina buku kurikulum budak sakola SD saha Wastu teh (tangtuna nu dina kurikulum 
mah kudu pas jeung sajarah).

tah kitu meureun ngawadul teh.

Punten ah tos Ngacaprux
firman


Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               --- In 
urangsunda@yahoogroups.com, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 > Ngahiji kanggo naon kang? 
 
 Ngahiji tangtuna lain dina harti formal mangrupa organisasi -- 
 sanajan aya pakaitna jeung oorganisasian oge. Maksud kuring, kumaha 
 getih goib eta – mun tea mah aya - ngajirim? 
 




                  

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke