hatur nuhun kang. balik deui kana ngeunaan bangsa kasoran. hal ieu ge cek
kuring mah bisa neguhkeun yeng urang sunda teh bangsa kasoran.  urang sunda,
kalayan  gampang kapangaruhan ku nu ti luar. hehe lain maksudna urang kudu
nutup diri, teu hayang gaul jeung nu lian. tapi da ari nepi ka kitu-kitu
teuing mah atuh, rek kumaha bisana kuring nyebut: sunda bangsa nu kuat...

On Tue, Dec 30, 2008 at 2:33 PM, Moch Dachman Maman <
[email protected]> wrote:

> Ua ! Di Limbangan aya pasantren kumargi kabiasaan ngagunakeun basa Arab.
> Dugi ka aya wawangsalan diucapkeun kieu : 'Firing fisyin dzina baqqi.
> Qetseflos raghragh ka qolong. Quring isyin qu salaqi, kathahyan faranthasy
> bo..,
>
> ua duq wrote:
> >             tapi da keukeuh geuning kang kumi teu ngaku, dasi jadi adat
> urang sunda, pan? jigana ieu mah urang deungeun oge moal protes lamun ku
> urang sunda, hurup hurup f, jeung v diganti kabeh jadi p lamun keur nulis
> aksara sunda... komo mun basana ge make basa sunda. beda halna lamun memang
> aksara sunda eta memang dihaja pikeun nulis basa inggris, misalkeun ....
> >  ieu mah sabenggol we ti kuring On Tue, Dec 23, 2008 at 6:19 PM, Kumincir
> Wikidisastra < kumin...@urangsunda .or.id > wrote:
> >             Muhun, kuring mah bet hemeng naha sual eta bet jadi dianggap
> totonden asorna urang Sunda. Dasi datangna ti Kulon, euweuh dina adat
> suradat urang Sunda. Kuring sakapeung make dasi lain harti kasoran, tapi
> ukur nyaluyukeun maneh jeung lingkungan & kabiasaan jaman kiwari. Mun Kang
> Engkus make topi, naha batur bakal boga kacindekan yen Kang Engkus teu pede
> make iket?
> >  On Tue, Dec 23, 2008 at 5:56 PM, Dian Tresna Nugraha wrote:
> >             Dumeh kaayeunakeun seueur urang Sunda anu tariasaeun nyebat
> sora-sora enggal kasebat, teu aya lepatna urang ngamekarkeun nu aya. Hasil
> kamekaran ieu jadi bukti yen urang oge PE-DE nyanghareupan jaman ayeuna.
> >     ._,___
> >
> e/ <http://id.messenger.yahoo.com/invite/>
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke