Hahahah... Analogina kurang pas meureun, nya?

Lamun perlu mah, eta dasi rek diaku we sakalian salaku adat Sunda! Ari adat
Sunda teh nu mana? Naha ti asalna mula urang Sunda teh mamake iket? Kabaya
diaaku adat Sunda, ti iraha? Pamajikan Surawisesa baheula make kabaya sugan?
Prasasti2 jaman Tarumanagara mah malah boga 'v' pan? Aeh, enya, da
Tarumanagara mah budayana budaya deungeun2...

Lamun lain kusabab reueus ka karuhunna, nanaonan atuh nu ayeuna make jeung
daek hese cape nguruskeun aksara Sunda?

On Tue, Dec 30, 2008 at 12:15 PM, ua duq wrote:

>   tapi da keukeuh geuning kang kumi teu ngaku, dasi jadi adat urang sunda,
> pan? jigana ieu mah urang deungeun oge moal protes lamun ku urang sunda,
> hurup hurup f, jeung v diganti kabeh jadi p lamun keur nulis aksara sunda...
> komo mun basana ge make basa sunda. beda halna lamun memang aksara sunda eta
> memang dihaja pikeun nulis basa inggris, misalkeun ....
>

Kirim email ke