Enya ari kasoranna mah da geus puguh Sunda teh kasoran... heheh... sarua
jeung karajaan2 di sabudeureun urang ge kasoran kabeh ku Walanda.

Jadi kamekaran teh dianggapna diaya2keun. Urang Sunda ayeuna bisa
ngabedakeun p-v-f teh diaya2keun? Mangkaning urang Sunda nu Muslim mah kudu
bisa ngabedakeun p-f teh, ngarah makhorijul hurufna dina maca Qur'an bener.
Jadi, lamun urang Sunda anu muslim eta hayang make aksara Sunda pikeun
nuliskeun basa kosta, naha kudu tetep make anu tanpa f-v atawa kaci
nambahkeun aksara f-v pikeun ngabeungharan/ngalengkepan 'kakuranganana' (mun
bae dianggap kakurangan)? Ongkoh manusa anu nyieun alatna, tapi manusana
sorangan bet jadi kudu gumantung kana alat (anu jieunanana sorangan, nu gede
kamungkinanana geus 'tinggaleun'!)? Aksara Arab bae anu dipake ku urang
pikeun nuliskeun basa Sunda bisa diadaptasi (kalawan ditambahan p, g, jsb),
naha bet aksara Sunda anu milikna sorangan bet teu kaci?

On Tue, Dec 30, 2008 at 3:20 PM, ua duq wrote:

>   alah analogi mah jarang nu pas da :)... tah eta kang kuring mah teu
> satuju na teh. palebah ngaku-ngaku. nu sakitu ayana heg diaya-aya.
> ditambahan. coba keur naon? supaya cara batur? ngajenan batur mah da teu
> kudu diaya aya atuh. cekap saayana. enya sakitu ge geus cukup. nu sok
> ngaya-ngayakeun mah biasana nu teu pede... nu mun ningali batur sok leuwih
> wae. nu boga urang mah kurang wae. nu kitu meureun nu cek kuring bangsa
> kasoran (cek basa kang kumi tea mah).... uing mah mun aya nu ngalelece
> ngeunaan p f jeung v... ah da lain era kalah sok dihajakeun :))
>

Kirim email ke