haha... jadi masalah keur kuring, jeung saha? enya saha atuh nu baris ngamangfaatna aksara sunda ditambahan? naha keur urang sunda? ngarah asup surga lamun dina ngomong henteu mabaliutkeun nyebut p,f atawa v? sanes pan.
urang balikeun ah ngarah dekok, jeung saha aksara sunda dijieun? jeung batur? supaya kabeh urang dunya bisa nulis basana masing-masing ku aksara sunda. mun kitu nya wajar ditambahan. tapi lain ku urang sunda, tapi ku bangsa deungeun nu rek make aksara sunda. atawa keur urang sunda sorangan? nu rek nyundakeun basa-basa nu aya di dunya, tah nu ieu mah jigana teu kudu nambahan nu geus aya. surupkeun we nu beda mah saayaya. f jeung v bisa diganti p. q bisa diganti k, kh ku h, sy ku s jsb. active jadi aktip... rarasaan euweuh salahna jeung teu nyirikeun kakurangan. malah nyirikeun yen sunda teh boga pangbeda. nu has, nu unik (haha lain khas henteu uniq). cek cenah mah di jaman globalisasi nu boga nu kieu nu bakal bisa ngayonan jaman. nu sok hayang saragem biasana ukur bisa jadi pamake produk jaman. konsumen. nu hartana terus disedotan... ditambahanna aksara sunda, cek kuring mah nyirikeun yen urang mah sok hayang wae ngartian batur. nyombo batur. ngarah batur ngeunah. kajeun nepi ka sorangan nyeri ge, nu penting kahayang batur katedunan. pan nu kieu teh mental bangsa kasoran sanes? On Tue, Dec 30, 2008 at 4:10 PM, Kumincir Wikidisastra < [email protected]> wrote: > Enya ari kasoranna mah da geus puguh Sunda teh kasoran... heheh... sarua > jeung karajaan2 di sabudeureun urang ge kasoran kabeh ku Walanda. > > Jadi kamekaran teh dianggapna diaya2keun. Urang Sunda ayeuna bisa > ngabedakeun p-v-f teh diaya2keun? Mangkaning urang Sunda nu Muslim mah kudu > bisa ngabedakeun p-f teh, ngarah makhorijul hurufna dina maca Qur'an bener. > Jadi, lamun urang Sunda anu muslim eta hayang make aksara Sunda pikeun > nuliskeun basa kosta, naha kudu tetep make anu tanpa f-v atawa kaci > nambahkeun aksara f-v pikeun ngabeungharan/ngalengkepan 'kakuranganana' (mun > bae dianggap kakurangan)? Ongkoh manusa anu nyieun alatna, tapi manusana > sorangan bet jadi kudu gumantung kana alat (anu jieunanana sorangan, nu gede > kamungkinanana geus 'tinggaleun'!)? Aksara Arab bae anu dipake ku urang > pikeun nuliskeun basa Sunda bisa diadaptasi (kalawan ditambahan p, g, jsb), > naha bet aksara Sunda anu milikna sorangan bet teu kaci? > > On Tue, Dec 30, 2008 at 3:20 PM, ua duq wrote: > >> alah analogi mah jarang nu pas da :)... tah eta kang kuring mah teu >> satuju na teh. palebah ngaku-ngaku. nu sakitu ayana heg diaya-aya. >> ditambahan. coba keur naon? supaya cara batur? ngajenan batur mah da teu >> kudu diaya aya atuh. cekap saayana. enya sakitu ge geus cukup. nu sok >> ngaya-ngayakeun mah biasana nu teu pede... nu mun ningali batur sok leuwih >> wae. nu boga urang mah kurang wae. nu kitu meureun nu cek kuring bangsa >> kasoran (cek basa kang kumi tea mah).... uing mah mun aya nu ngalelece >> ngeunaan p f jeung v... ah da lain era kalah sok dihajakeun :)) >> > -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~

