Leres nembé téh nganggo aksara sunda unikod... Hampura... :-) Biasa, kedah install heula pont-na.. http://sabilulungan.org/aksara/files/font/SundaneseUnicode-1.0.5.ttf Saparantos éta upama imél-na dibuka ku browser "Payerpoks" mah langsung katémbong..
Maksad abdi, kumaha sakantenan baé aksara sunda téh dipaké dina milis ieu, salaku bukti yén urang téh reueus.... ---- Tambihan pikeun negeskeun, yén simbol-simbol anu aya dina susunan aksara standar ayeuna téh simbol ciptaan anyar: - PA disimbolkeun ku aksara PA anu siga dina naskah Carita Ratu Pakuan - FA disimbolkeun ku aksara PA anu siga dina naskah Carita Parahyangan - VA disimbolkeun ku aksara PA anu siga dina prasasti - JA disimbolkeun ku aksara JA anu siga dina naskah Sewaka Darma - ZA disimbolkeun ku aksara JA anu siga dina piagam Kabantenan - KA disimbolkeun ku aksara KA anu siga dina naskah - QA disimbolkeun ku aksara KA anu siga dina prasasti Lamun dibaca ku urang baheula, jebulna PA, JA, jeung KA. Baktos, Dian. 2008/12/31 ua duq <[email protected]> > > eh atawa ieu teh hurup sunda? heuheu... kabacana ukur tanda tanya ting irihil... wanda anyar? > > On Wed, Dec 31, 2008 at 5:53 PM, ua duq <[email protected]> wrote: >> >> lapangan sempur lega keneh kang. kanggo ngacung mah >> >> On Wed, Dec 31, 2008 at 5:33 PM, Dian Tresna Nugraha < [email protected]> wrote: >>> >>> ᮃᮚᮩᮔ ᮙᮂ ᮊᮤᮉ ᮝᮆ, ᮃᮒᮥᮂ. ᮞᮜᮊᮥ ᮘᮥᮊ᮪ᮒᮤ ᮚᮦᮔ᮪ ᮅᮛᮀ ᮒᮦᮂ ᮛᮩᮉᮞ᮪, ᮅᮛᮀ ᮕᮊᮦ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮄᮉ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮌᮥᮔᮨᮙᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮙᮤᮜᮤᮞ᮪. >>> >>> ᮘᮊ᮪ᮒᮧᮞ᮪, >>> ᮓᮤᮃᮔ᮪ >>> >>> 2008/12/31 ua duq <[email protected]>: >>> > heuheu... nu jadi masalah mah sanes eta, sanes kuring teu reueus, kuring ge >>> > sami bah reueus, geuning sunda teh boga aksara mandiri (haha sugan)... tapi >>> > nu jadi beda pamadegan antara kuring jeung kang mincir mah nyaeta ayana >>> > panambahan kana eta susunan aksara >>> > >>> > heuheu (deui) ieu mah nulis kieu teh bisi we bisi dianggap kuring teu reueus >>> > ka aksara sunda... heuy deuh enya bah kuring mah mindeng kageeran >>> > >>> > nuhun >>> > >>> > duq >>> > >>> >>> _._,___ >> >>

