Dina buku "Direktori Aksara Sunda untuk Unicode", bab Standardisasi
Aksara Sunda, disebatkeun yen urang Walanda, G. J. Grashuis (dina
bukuna "Handleiding voor Aanleren van het Soendaneesch Letterschrift"
taun 1860) anu mimiti nyebarkeun yen "Cacarakan" teh "Aksara Sunda".
Padahal Cacarakan teh versi basajan tina Hanacaraka (Aksara Jawa).

Milarian di Google ngeunaan saha-sahana G.J.Grashuis, mendakan
makalahna Moriyama 1996: "Discovering the 'Language' and the
'Literature' of West Java", tiasa didownload di
http://www.cseas.kyoto-u.ac.jp/seas/34/1/340108.pdf.

Teu kahaja, di dinya disebatkeun yen Grashuis teh gaduh 'dosa' anu
kadua, nyaeta nyababkeun ayana anggapan "yen urang Sunda teu gaduh
literatur sastra anu mucekil". Untungna harita teh ditempas ku Rd.
Memed Sastrahadiprawira.
(halaman 179).

Salangkungna abdi kataji oge ku Raden Memed teh, utamina dina halaman
munggaran (151), anu nyebatkeun:
"Basa teh anoe djadi loeloegoe, pangtetelana djeung pangdjembarna tina
sagala tanda noe ngabedakeun bangsa pada bangsa. Lamoen sipatna
roepa-roepa basa tea leungit, bedana bakat-bakat bangsa oge moesna.
Lamoen ras kabangsaanana soewoeng, basana eta bangsa oge lila-lila
leungit."

Baktos,
Dian.

2009/1/7 Satria Pinandita <[email protected]>:
> 
>
> Ngiring Nimrung
> Punten bade sakantenan ngiring tumaros
> sababaraha waktos ka pengker abdi kantos mendakan aksara sunda nu sapertos
> kiye
> nu janten patarosan, naon bentena sareng aksara sunda nu biasa di sebat ha
> na ca ra ka jsb..
> nu kadua  pami angka - angka sunda aya tenya, pami teu ka abotan mah tiasa
> di kintunkeun didie
>
>
> hatur nuhun
> wasalam
> Satria P
>
>
> ----- Original Message -----
> From: Dian Tresna Nugraha
> To: [email protected]
> Sent: Tuesday, December 23, 2008 5:56 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] p, F jeung V
>
> Aksara Sunda anu aya dina naskah kuno teh seueur pisan variasina (tiasa
> ditingal dina attachment). Fa sareng Va anu aya dina susunan aksara Sunda
> Standar ayeuna kawitna mah tina variasi aksara Pa kuno. Janten henteu lepat
> lamun anu dijantenkeun standar aksara Fa atanapi aksara Va teh dibacana Pa
> (da kawitna oge dianggo kanggo nyerat sora Pa).
>
> Kitu deui Qa, Xa, mangrupa variasi tina aksara Ka kuno. Aksara Za, variasi
> tina aksara Ja kuno.
>
> Dumeh kaayeunakeun seueur urang Sunda anu tariasaeun nyebat sora-sora enggal
> kasebat, teu aya lepatna urang ngamekarkeun nu aya. Hasil kamekaran ieu jadi
> bukti yen urang oge PE-DE nyanghareupan jaman ayeuna.
>
> Prung,
> Dian.
>
> 2008/12/23 engkus ruswana <[email protected]>
> ..............
>
>
> Naha ari urang bet jiga kaduruk janggot, buktina dina aksara asli Sunda
> KA-GA-NGA nu jelas-jelas luyu jeung letah asli urang Sunda......ku henteu
> percaya dirina, hayoh make ditambahan ku FA, SHA........jsb, mani katara
> pisan teu percaya diri jeung era make nu soranganna teh.  Sok ah urang Sunda
> ulah sagala teu PD, atuh iraha majuna lamun sagala teh ngan nuturkeun
> pangabutuh batur....prung ah sunda manggung...
>
> tabe nun.
> Engkus
>

Kirim email ke