Ngiring Nimrung
Punten bade sakantenan ngiring tumaros
sababaraha waktos ka pengker abdi kantos mendakan aksara sunda nu sapertos kiye
nu janten patarosan, naon bentena sareng aksara sunda nu biasa di sebat ha na 
ca ra ka jsb..
nu kadua  pami angka - angka sunda aya tenya, pami teu ka abotan mah tiasa di 
kintunkeun didie


hatur nuhun 
wasalam 
Satria P

  ----- Original Message ----- 
  From: Dian Tresna Nugraha 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, December 23, 2008 5:56 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] p, F jeung V


  Aksara Sunda anu aya dina naskah kuno teh seueur pisan variasina (tiasa 
ditingal dina attachment). Fa sareng Va anu aya dina susunan aksara Sunda 
Standar ayeuna kawitna mah tina variasi aksara Pa kuno. Janten henteu lepat 
lamun anu dijantenkeun standar aksara Fa atanapi aksara Va teh dibacana Pa (da 
kawitna oge dianggo kanggo nyerat sora Pa).

  Kitu deui Qa, Xa, mangrupa variasi tina aksara Ka kuno. Aksara Za, variasi 
tina aksara Ja kuno. 

  Dumeh kaayeunakeun seueur urang Sunda anu tariasaeun nyebat sora-sora enggal 
kasebat, teu aya lepatna urang ngamekarkeun nu aya. Hasil kamekaran ieu jadi 
bukti yen urang oge PE-DE nyanghareupan jaman ayeuna.

  Prung,
  Dian.

  2008/12/23 engkus ruswana <[email protected]>
  .............. 



  Naha ari urang bet jiga kaduruk janggot, buktina dina aksara asli Sunda 
KA-GA-NGA nu jelas-jelas luyu jeung letah asli urang Sunda......ku henteu 
percaya dirina, hayoh make ditambahan ku FA, SHA........jsb, mani katara pisan 
teu percaya diri jeung era make nu soranganna teh.  Sok ah urang Sunda ulah 
sagala teu PD, atuh iraha majuna lamun sagala teh ngan nuturkeun pangabutuh 
batur....prung ah sunda manggung...

  tabe nun.
  Engkus  



   

Kirim email ke