Nya saheulaanan, nu karaos ku abdi, aya mangpaatna pikeun ngabedakeun engang kecap anu asalna tina Latin f,v,q,z. Sakalian ngamumule variasi aksara nu kungsi aya dina aksara sunda baheula. (http://sabilulungan.org/aksara/variasi_aksara.jpg)
Contona: "ua duq", sanajan dibacana "wa duk", tapi lamun ditulisna dina aksara sunda unicode "ᮅᮃ ᮓᮥᮋ᮪", urang jadi terang yen asalna teh tina latin "ua duq", sanes "wa duk". Memang, teu ayana EYD dina basa Sunda ieu jadi pasualan. Saperti, naha nu leres teh nulis "pulitik" atawa "politik"? Cik ah mangga padungdengkeun dina KBS nu salajengna.. iraha? Meh geura pungkas ieu pasualan. Baktos, Dian. 2008/12/31 ua duq <[email protected]>: > o kitu, nuhun kang dian. nambah elmu yeuh.... tapi keukeuh keur naon keur > sahana can kajawab :)) > > (pada sabaris nu kaopat kali) > > On Wed, Dec 31, 2008 at 6:21 PM, Dian Tresna Nugraha > <[email protected]> wrote: >> >> Punten koreksi abdi nyerat: >> >> "yén simbol-simbol anu aya dina susunan aksara standar ayeuna téh simbol >> ciptaan anyar" >> >> kedahna: >> "yén simbol-simbol anu aya dina susunan aksara standar ayeuna téh SANES >> simbol ciptaan anyar" >> >> >> 2008/12/31 Dian Tresna Nugraha <[email protected]> >>> >>> Leres nembé téh nganggo aksara sunda unikod... Hampura... :-) >>> >>> Biasa, kedah install heula pont-na.. >>> http://sabilulungan.org/aksara/files/font/SundaneseUnicode-1.0.5.ttf >>> Saparantos éta upama imél-na dibuka ku browser "Payerpoks" mah langsung >>> katémbong.. >>> >>> Maksad abdi, kumaha sakantenan baé aksara sunda téh dipaké dina milis >>> ieu, salaku bukti yén urang téh reueus.... >>> ---- >>> >>> Tambihan pikeun negeskeun, yén simbol-simbol anu aya dina susunan aksara >>> standar ayeuna téh simbol ciptaan anyar: >>> - PA disimbolkeun ku aksara PA anu siga dina naskah Carita Ratu Pakuan >>> - FA disimbolkeun ku aksara PA anu siga dina naskah Carita Parahyangan >>> - VA disimbolkeun ku aksara PA anu siga dina prasasti >>> - JA disimbolkeun ku aksara JA anu siga dina naskah Sewaka Darma >>> - ZA disimbolkeun ku aksara JA anu siga dina piagam Kabantenan >>> - KA disimbolkeun ku aksara KA anu siga dina naskah >>> - QA disimbolkeun ku aksara KA anu siga dina prasasti >>> >>> Lamun dibaca ku urang baheula, jebulna PA, JA, jeung KA. >>> >>> Baktos, >>> Dian. >>> >> ,___

