Sampurasun nun, Upama ngudag kana caritaan rahayat atawa legenda nu hirup di masyarakat Sunda jaman kolot-kolot simkuring (ayeuna mah meh tereh tilem), yen sajarah kalahiran Cacarakan dikaitkeun kana cacandran kajadian direbutna deui nagara Mendang Kamulyan di tanah Sunda ku Daniswara (putrana Dewata Cengkar) dibantu Jugulmuda, nu salila 3 taunan dikawasa ku Ajisaka (Abu Sakya) ti nagara Campa. Tah pikeun pangeling-ngelingna Daniswara nyieun cacandran taun make candrasangkala "HEKA-TUNGGAL-SAWIJI", (tanggal kahiji, bulan kahiji, taun kahiji) nu kiwari masih hirup jeung sok dipieling nya disarebut Taun JAWA atawa taun SAKA nu nincak umur ka 1942, jeung cacandran aksara Hanacaraka (cacarakan). Sangeus direbut deui eta nagara, nya terus diganti ngaranna jadi karajaan GALUH. Tah lamun eta carita rahayat teh bener, atuh nya boh taun Saka boh aksara Cacarakan eta memang milik urang Sunda oge milik Jawa (sabab mun ngudag sajarah nu kiwari geus kaguar, yen karajaan mataram kuno nu ngadirikeun Borobudur oge masih katurunan Sunda. Jaman Daniswara can aya pangbagian Sunda-Jawa, dina sajarah kacaritakeun ayana pangbagian Galuh jadi dua bagian teh waktu lengserna Prabu Permanadikusumah ti Karajaan Galuh, ti Cipamali ka wetan bagean Jaka Susuru (Ciungwanara), ti Cipamali ka kulon bagean Rakeyan Tamperan. Jadi mun kitu naon nu disebutkeun ku G.J. Grashuis, yen cacarakan teh Aksara Sunda teu salah. Kunaon Taun Saka jeung Hanacaraka, kiwari teu diaraku jadi milik Sunda? Bawirasa simkuring pangna kiwari dianggap milik Jawa, sabab: - Urang Sunda geus teu ngaraku eta milik Sunda, wajar mun urang Jawa ahirna jadi ngaku nu maranehna. - Urang Sunda mibanda aksara anyar nu kiwari disebut aksara Sunda Kuno (KAGANGA), duka ti iraha eta aksara anyar dilahirkeun, naha jaman Galuh dibagi dua kitu ???. - Tatanan taun Saka nu kiwari berlaku, mangrupakeun hasil modifikasi/asimilasi nu diluyukeun jeung taun Hijrah ku Sultan Agung Hanyakrakusumah waktu jadi Raja Mataram dina abad ka-16. (kiwari keur pada nalungtik kumaha nu sabenerna tatanan taun versi nu aslina, diantarana hasil panalungtikan Abah Ali Sastramijaya). Jadi keur sakuringeun mah, boh Taun Jawa/Saka oge Cacarakan eta mangrupakeun Taun Sunda jeung Aksara Sunda, nu memang dilahirkeun ku urang Sunda (luluhur Sunda/Jawa kiwari). Cag. rampes, pun tabe. Engkus. -
--- Pada Rab, 7/1/09, Dian Tresna Nugraha <[email protected]> menulis: Dari: Dian Tresna Nugraha <[email protected]> Topik: Re: [Urang Sunda] p, F jeung V Kepada: [email protected] Tanggal: Rabu, 7 Januari, 2009, 6:36 PM Dina buku "Direktori Aksara Sunda untuk Unicode", bab Standardisasi Aksara Sunda, disebatkeun yen urang Walanda, G. J. Grashuis (dina bukuna "Handleiding voor Aanleren van het Soendaneesch Letterschrift" taun 1860) anu mimiti nyebarkeun yen "Cacarakan" teh "Aksara Sunda". Padahal Cacarakan teh versi basajan tina Hanacaraka (Aksara Jawa). Milarian di Google ngeunaan saha-sahana G.J.Grashuis, mendakan makalahna Moriyama 1996: "Discovering the 'Language' and the 'Literature' of West Java", tiasa didownload di http://www.cseas. kyoto-u.ac. jp/seas/34/ 1/340108. pdf. Teu kahaja, di dinya disebatkeun yen Grashuis teh gaduh 'dosa' anu kadua, nyaeta nyababkeun ayana anggapan "yen urang Sunda teu gaduh literatur sastra anu mucekil". Untungna harita teh ditempas ku Rd. Memed Sastrahadiprawira. (halaman 179). Salangkungna abdi kataji oge ku Raden Memed teh, utamina dina halaman munggaran (151), anu nyebatkeun: "Basa teh anoe djadi loeloegoe, pangtetelana djeung pangdjembarna tina sagala tanda noe ngabedakeun bangsa pada bangsa. Lamoen sipatna roepa-roepa basa tea leungit, bedana bakat-bakat bangsa oge moesna. Lamoen ras kabangsaanana soewoeng, basana eta bangsa oge lila-lila leungit." Baktos, Dian. 2009/1/7 Satria Pinandita <satriapinandita@ gmail.com>: > > > Ngiring Nimrung > Punten bade sakantenan ngiring tumaros > sababaraha waktos ka pengker abdi kantos mendakan aksara sunda nu sapertos > kiye > nu janten patarosan, naon bentena sareng aksara sunda nu biasa di sebat ha > na ca ra ka jsb.. > nu kadua pami angka - angka sunda aya tenya, pami teu ka abotan mah tiasa > di kintunkeun didie > > > hatur nuhun > wasalam > Satria P > > > ----- Original Message ----- > From: Dian Tresna Nugraha > To: urangsu...@yahoogro ups.com > Sent: Tuesday, December 23, 2008 5:56 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] p, F jeung V > > Aksara Sunda anu aya dina naskah kuno teh seueur pisan variasina (tiasa > ditingal dina attachment). Fa sareng Va anu aya dina susunan aksara Sunda > Standar ayeuna kawitna mah tina variasi aksara Pa kuno. Janten henteu lepat > lamun anu dijantenkeun standar aksara Fa atanapi aksara Va teh dibacana Pa > (da kawitna oge dianggo kanggo nyerat sora Pa). > > Kitu deui Qa, Xa, mangrupa variasi tina aksara Ka kuno. Aksara Za, variasi > tina aksara Ja kuno. > > Dumeh kaayeunakeun seueur urang Sunda anu tariasaeun nyebat sora-sora enggal > kasebat, teu aya lepatna urang ngamekarkeun nu aya. Hasil kamekaran ieu jadi > bukti yen urang oge PE-DE nyanghareupan jaman ayeuna. > > Prung, > Dian. > > 2008/12/23 engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> > ............ .. > > > Naha ari urang bet jiga kaduruk janggot, buktina dina aksara asli Sunda > KA-GA-NGA nu jelas-jelas luyu jeung letah asli urang Sunda......ku henteu > percaya dirina, hayoh make ditambahan ku FA, SHA........jsb, mani katara > pisan teu percaya diri jeung era make nu soranganna teh. Sok ah urang Sunda > ulah sagala teu PD, atuh iraha majuna lamun sagala teh ngan nuturkeun > pangabutuh batur....prung ah sunda manggung... > > tabe nun. > Engkus > Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari email atau jaringan sosial Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

