> mj <mangja...@...> wrote: > anehnaa tawa lucuna, soal eta diwaler ku US deui, Makbul Padmanagara. > kahumas mabes polri. US & US....
Hehehe enya kitu US vs US. Tapi nu ngareueuskeun di Pulisi loba gegedenna urang sunda, sanajan Kapolda jabar, lamun teu salah mah, urang Jawa (poho deui saha aranna teh ..hehehe). Pulisi ayeuna beda jeung pulisi jaman Orba (snajan jalmana sarua keneh), ayeuna mah asup sipil lain tantara. Di nagara nu nganut sistem demokrasi nu boga peran pulisi sanes tantara. Tantara mah ukur keur perang, kitu oge lamun aya perang .... Leres MJ, Pa Agum Gumelar tiasa disebatkeun saurang "gentleman", anjeunna sanes politikus murni, tapi tadina ti militer profesional, jadi kurang pinter nyanghareupan "trik-trik" politik di Indonesia mah .... Tukang ngariweuhkeun dina politik di Indonesia mah elitena. Contona dina Pemilu 1999, nu presidenna teu dipilih langsung, tapi ku MPR. Anggota MPR ieu anu riweuh, lobby kaditu, lobby kadieu, tambahan weh ku massa nu ngepung Senayan, beres hasil Pemilu bisa digilekkeun. Keur rakyat awam biasa, jadi tandatanya, naha hasilna jadi kitu? Epekna gede sabenerna mah, saurang nu tadina mah ku kuring dikagumi ku kawanina ngalawan ka Orba, popularitasna turun drastis dina pemilu langsung taun 2004. Sigana mah akibat manuver2 anjeunna di taun 1999.... Dina Pemilu langsung 2004, aman-aman we da teu bisa elite ngagilek-gilek hasil pemilu langsung. Mudah-mudahan we ayeuna ge kitu ..... Baktosna, WALUYA

