anehnaa tawa lucuna, soal eta diwaler ku US deui, Makbul Padmanagara.
kahumas mabes polri. US & US....

bah, aya conto pilkada kusut nu ngabalukarkeun riweuh bentrok, jsb.
pilkada maluku utara. edan pisan, mangbulan-bulan riweuh bentrok jsb.
nu pikasebeleun teh, salah saruang cagub na teh pan kungsi jadi
inohong jakarta, malah asana jadi menteri perumahan rakyat jaman orba.
abdul gafur asana.


kahayang teh atuh, geus seubeuh jadi pajabat pusat, nya ngelehan we
tapi teu kitu, komo di lembur sorangan.

kamari si kuring rada paur oge pilkada gub jabar. pdip protes ka kpud,
jaba pan di pdip teh juragan jendral agum gumelar. kumaha mun gan agum
ngamuk. alhamdulillah teu terus. sigana gan agum leuwih nyaah ka
sarakan.

US nu ti beh ditu tandang, nya gan ICW tea, kang Teten Masduki, urang
Malangbong Garut. sugan we beuki loba.



On 3/19/09, waluya2006 wrote:
>
> Terus terang eta Bah nu dipikahariwang teh, manipulasi. Lamun Pilkada mah
> rada teu pati salempang da aya pamarentah Pusat. Ngan orakaya lamun dina
> Pemilu milih Presiden, terus aya sengketa siga di Jawa Timur, matak
> pibahayaeun. Ieu bisa ngakibatkeun "kerusuhan", da papada boga massa gede
> sakuliah Indonesia. Supaya kajadian ulah kitu, aparat Hukum, kaasup Pulisi
> kudu netral. Lamun pulisi mihak, wah teu kabayang, tantara bisa asup deui
> kana kakawasaan, alesanana keur nyetabilkeun kaayaan nagara. Ngan biasana,
> loba contona di nagara-nagara batur oge, sok "betah" ari geus "nyengcle"
> mah.
>
> Di taun 2004 Indonesia loba dipuji ku dunya luar, dina ngayakeun Pemilu,
> pangpangna Pemilu milih presiden. Nu disarangkana bakal riceuw, tapi
> aman-aman wae. Hiji Kasuksesan Pamarentah Mega dina ngayakeun Pemilu 2004,
> nu aman ayem tentrem. Dina ganti kakawasaan oge euweuh kaributan (Pertama
> kali di Indonesia Lho, ceuk iklan mah), sanajan Megawatina katingalina masih
> neuteuli ka SBY ..hehehe
>
> Tah ayeuna Pamarentah SBY. Hayoh Jendral ...jieun sing aman, keun we
> eleh-meunang mah biasa, kitu oge nu sejen. Da ayeuna mah nu jadi pangawasa
> teh geuning loba pisan, salian ti Presiden teh.

Kirim email ke