> Kang Iman <firman.raha...@...
> kabur wae kitu ? ka luar nagreg .....

Lah nyaeta atuh, sakapeung mah kuring oge sok mikir kitu, ngan mana nagara nu 
daek narima jeung modalna timana. Lamun urang Cina mah rata-rata gilig 
paniatanana teh. Lamun henteu keur manehna, anakna nu didorong sina cicing di 
nagara-nagara maju nu ayeum tengtrem. Kuring loba kawawuhan urang Tionghwa nu 
barudakna nu geus nincak dewasa teu caricing di Indonesia. Lamun ditanya teh, 
didieu kurang cenah "masa depan"na....

Tapi aya oge urang asli nu boga prinsip kitu, siga Tionghwa. Pangpangna 
golongan menengah-keatas. Aya kawawuhan urang Jawa, teu sukses-sukses teuing 
sih tapi satengah paeh nyakolakeun budakna di Amrik jeung di Inggris make biaya 
sorangan. Omongna sarua siga Tiong Hwa, didieu masa depanna kurang. Sukses 
...teu baralik deui ka Indonesia, naretep diditu. Ngan ayeuna jadi karunya, 
hulang-huleng sorangan di imah da pamajikanna leuwih sering ngagiridig ka LN, 
paribasa nempo incu. Mangkaning manehna teh geus kolot. Meus meus nelepon, 
meus-meus nelepon ka kuring teh, paribasa komputer ngadat atawa ieu aya proyek 
sanghareupaneun siga nu heueuh,  padahal ....hayang kuring ka imahna, maturan 
ngobrol ...heuheu.

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke