Kang Mamat sakaemut eta teh guguritan, kieu yeuh lamun teu lepat mah:

Ulah sok munjung ka gunung
Ulah muja ka talaga
Gunung mah sok rajeun urug 
Talaga sok rajeun saat
Nya munjung kudu ka indung
Nya muja kudu ka bapa
Indung mah tunggul rahayu
Bapa mah tunggal darajat

Tah ari keur sakuringeun mah munjung teh dihartikeun ngadatangan atawa 
silaturahmi. Kitu lah moal kapapanjangan ngarah aya nu sanes nu mairan.




________________________________
Dari: mamat <mrach...@telkom.co.id>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Senin, 11 Mei, 2009 10:14:06
Topik: [Urang Sunda] Pasamoan di Ua sas...





Poe  kamari Minggu,  kuring katamuan ku Sobatna pun 
bojo…Yatno…
Yatno teh aslinamah urang jawa (Cilacap), ngan gede di tatar sunda 
(Banjar)..
Ayeuna ngumbara ka Bandung …
 
Anjeuna kacida cintana kana budaya Sunda, malihan mah di Bumina di 
Lembang, anjeuna ngayakeun Kursus/sakola khusus keur anu buta huruf atawa anu 
teu boga Ijazah  SD. .
Lian ti eta anjeuna ngajar basa Sunda…malihanmah ngiringan dina seueur 
kagiatan-kagiatan anu aya kaitanana jeung budaya sunda…
 
Sawatara waktu katukang malahan mah aya anu nepungan Urang  Australia nepi 
ka mondok moe dimanehna, nya ngadiskusikeun masalah budaya sunda…
 
…
Kuer uplek ngobrol, torojol aya tatangga (Bapak Ainin), anjeuna didamel 
di BI Bandung (rerencangan kang Bowo..), anu sami resep kana 
kasundaan…
 
Anu jadi kahariwang aranjeuna sami sareng kahariwang Urang, nyaeta 
“Pareumna Budaya Sunda…”
 
Dina eta obrolan kumaha peran urang masing-masing milu ngarojong supaya 
budaya sunda teh teu tumpur…memang kudu gede wawanen, contona .. Budaya Nyawer 
panganten.. teu saeutik para Ustad anu nentang kana ieu upacara.. tah kumaha 
sikep urang nyanghareupan anu kitu ?...
 
Obrolan kapotong ku aya urusan anu sejenna.. nya akhirna diskusi the 
bubar.. ngan aranjeuna hoyong pisan ngobrol anu langkung jero.. cenahmah hoyong 
ngajorog ka pupuhu Kusnet…
 
Nya dijangjian we engke rek ditepungkeun jeung Ua Sas…di Margawangi.. 
tinggal ngatur waktuna wae…..(tah lebah dieu yeuh anu hese beleke…biasa riweuh 
ku cicing).
 
 
Ngan dina eta pasamoan dibere PR lenyepaneun, anu puguhmah Uing can 
ngarti kana paribasa ieu…anu siga-siganamah pabulang bentor jeung kayakinan 
agama (musrik)
 
“Munjung ulah Ka Gunung, Muja ulah ka Sagara.
Munjung kudu ka Indung, Muja kudu ka Bapa”….
 
Cing sugan para wargi Kusnet tiasa ngaguar masalah ieu ?
(siganamah Ki Leuksa anu tiasa nulungan abdi…)
 
 
Cah …
 
Wass : Mamat Rachmat mantan jajaka kapaksa
 
NB : 
Ua Sas, Kumaha tah, Iraha tiasa nampi ?.. ke Sakantenan Ua Adang S rek 
dihayap sugan daekeun..
Sok atuh manawi aya wargi Kusnet anu sanesna upami tiasa 
ngagabung...
meungpeung si Ua Sas tas Panen....ari peutey waemah aya sigana..ieu 
mah...
 
************ ********* ********* ********* **
Sekarang Gratis Nelpon SLJJ Flexi diperluas  ke
Yogya
************ ********* ********* ********* ** 
   


      Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari 
email atau jaringan sosial Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke