nuhun kang UJK (urut jajaka kapaksa) haha. ieu mah babaledogan we nya.

dupi perkawis paribasa eta, teu kedah hariwang ngalanggar papagon agama. 
diteuleumanana ulah jero teuing, bisi dikerelep. heuheu...oge asana mah basa 
teh lentur, jembar (bisa lega hartina). janten teu kedah ngartoskeun kecap eta 
ku harti langsung atawa dihartikeun ku cara basa umum ngahartikeun eta. 

cara munjung teh muja dina konteks kapangeran, jsb. ka pangeran mah tangtos 
konteksna, mun basa inggris mah: beyond. mun dibandingkeun, tangtos teu 
sadarajat antara gunung & sagara dibanding sareng pangeran. pangeran mah 
beyond, di luhur pisan darajatna.

kumargi kasasama manusa, tangtoz konteks eta paribasa benten sareng konteks ka 
pangeran. ka pangeran mah dasarna iman tauhid. ( di Lembang aya pausahaan tahu, 
merekna tauhid, haha). ka sepuh mah tangtos nyaah, ngajenan, ngahormat, jsb 
(dina konteks kamanusaan, salaku nu ngalahirkeun, nu ngurus, jsb). 

paribasa eta, sarombongan sareng  indung tangkal rahayu, bapa tangkal darajat.

punten sanes mapatahan ngapung ka pilot heuheu..

urang ngangge rumus kang acep zamzam noor we, itm, islam tapi mesra tea.

dina islam, seueur katerangan nu netelakeun pentingna indung bapa, kalebet 
darajatna mun kudu dipisah. cara ka indung tilu ka bapa hiji. Alloh moal rido 
mun indung bapa teu rido, jsb. sigana tos papada terang perkawis katerangan 
saruping sikep ka sepuh, boh dina qur'an boh dina hadist. malah apan nyarios ka 
sepuh mah, kedah nurunkeun volume. tarik saeutik oge, teu kaci. rada ripuhna 
teh mun sepuh tos rada peak Coen. heuheu..

janten paribasa eta, lumpatna ka papatah kudu ngahormat (pisan) ka sepuh. cara 
ari lebaran, urang kudu sungkem ka indung bapa. konteks munjung eta pastina ka 
dinya.



> �Munjung ulah Ka Gunung, Muja ulah ka Sagara.
> 
> Munjung kudu ka Indung, Muja kudu ka Bapa��.
> 
>

Kirim email ke