Bagja pisan lamun tea mah enya rek ka Margawangi, urang ngadu bako.
Bisi pasalingsingan dina emprona, alusna mah nelepon we heula, bisi poho deui 
tah ieu nomerna 022-7511914, ari nomer hp mah meureun aya keneh nya.
Lain nanaon menta nelepon heula teh bisi we uing keur ulin, da masing geus 
pangsiun ge ari kana ulin mah osok keneh. 
Tah bener pisan ari palebah keur panen mah, ngan lain peuteuy tapi hui boled, 
sigana aya keneh ari saboboko deui mah, lumayan gahel-gaheleun.
Iraha atuh rek ka Margawangi teh...?
(Ngan dina hate rada cangcaya, biasa pan ari dina telepon mah sok nyebutkeun 
heueuh rek ka Margawangi minggu hareup....ari buktina mah ngampleng meh dua 
taun teu mebol-embol. Naha kahayang nganjang ka uing teh rek kitu deui...ngan 
sakadar hayang...bari jeung teu jol..?. Lamun kitu deui, sigana aya alusna taun 
2014 didinya nyalonkeun diri jadi anggota legislatif, aya kasajajaran 
watek...!!)

MSas.

  ----- Original Message ----- 
  From: mamat 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, May 11, 2009 10:14 AM
  Subject: [Urang Sunda] Pasamoan di Ua sas...






  Obrolan kapotong ku aya urusan anu sejenna.. nya akhirna diskusi the bubar.. 
ngan aranjeuna hoyong pisan ngobrol anu langkung jero.. cenahmah hoyong 
ngajorog ka pupuhu Kusnet…

  Nya dijangjian we engke rek ditepungkeun jeung Ua Sas…di Margawangi.. tinggal 
ngatur waktuna wae…..(tah lebah dieu yeuh anu hese beleke…biasa riweuh ku 
cicing).
  . 

  

Kirim email ke