“Munjung ulah Ka Gunung, Muja ulah ka Sagara.

Munjung kudu ka Indung, Muja kudu ka Bapa”….



ari nu kantos kantampi ku abdi mah maksad dina 

paribahasa di luhur mah sanes dina urusan ibadah, tadi dina 

urusan ngajaga sareng ngariksa ka indung bapa, da sakumaha solehna urang 

mun teu menang rido ti indung bapa mah moal ka ala pahalana, 

kan aya sapertos "moal ngakel lamun teu ngakal"

tah eta oge sapertos kitu, da nu pokona namah dina gawe, sare'at urang di gawe 
, da hakekatna mah tetep ti pangeran

rejeki mah.



manawi aya manfaatna, hapunten bilih teu saluyu

Wasalam

Urang Kidul tea...





  ----- Original Message ----- 
  From: mamat 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, May 11, 2009 10:14 AM
  Subject: [Urang Sunda] Pasamoan di Ua sas...






  Poe  kamari Minggu,  kuring katamuan ku Sobatna pun bojo…Yatno…

  Yatno teh aslinamah urang jawa (Cilacap), ngan gede di tatar sunda (Banjar)..

  Ayeuna ngumbara ka Bandung…



  Anjeuna kacida cintana kana budaya Sunda, malihan mah di Bumina di Lembang, 
anjeuna ngayakeun Kursus/sakola khusus keur anu buta huruf atawa anu teu boga 
Ijazah SD..

  Lian ti eta anjeuna ngajar basa Sunda…malihanmah ngiringan dina seueur 
kagiatan-kagiatan anu aya kaitanana jeung budaya sunda…



  Sawatara waktu katukang malahan mah aya anu nepungan Urang Australia nepi ka 
mondok moe dimanehna, nya ngadiskusikeun masalah budaya sunda…



  …

  Kuer uplek ngobrol, torojol aya tatangga (Bapak Ainin), anjeuna didamel di BI 
Bandung (rerencangan kang Bowo..), anu sami resep kana kasundaan…



  Anu jadi kahariwang aranjeuna sami sareng kahariwang Urang, nyaeta “Pareumna 
Budaya Sunda…”



  Dina eta obrolan kumaha peran urang masing-masing milu ngarojong supaya 
budaya sunda teh teu tumpur…memang kudu gede wawanen, contona .. Budaya Nyawer 
panganten.. teu saeutik para Ustad anu nentang kana ieu upacara.. tah kumaha 
sikep urang nyanghareupan anu kitu ?...



  Obrolan kapotong ku aya urusan anu sejenna.. nya akhirna diskusi the bubar.. 
ngan aranjeuna hoyong pisan ngobrol anu langkung jero.. cenahmah hoyong 
ngajorog ka pupuhu Kusnet…



  Nya dijangjian we engke rek ditepungkeun jeung Ua Sas…di Margawangi.. tinggal 
ngatur waktuna wae…..(tah lebah dieu yeuh anu hese beleke…biasa riweuh ku 
cicing).





  Ngan dina eta pasamoan dibere PR lenyepaneun, anu puguhmah Uing can ngarti 
kana paribasa ieu…anu siga-siganamah pabulang bentor jeung kayakinan agama 
(musrik)



  “Munjung ulah Ka Gunung, Muja ulah ka Sagara.

  Munjung kudu ka Indung, Muja kudu ka Bapa”….



  Cing sugan para wargi Kusnet tiasa ngaguar masalah ieu ?

  (siganamah Ki Leuksa anu tiasa nulungan abdi…)





  Cah …



  Wass : Mamat Rachmat mantan jajaka kapaksa



  NB : 

  Ua Sas, Kumaha tah, Iraha tiasa nampi ?.. ke Sakantenan Ua Adang S rek 
dihayap sugan daekeun..

  Sok atuh manawi aya wargi Kusnet anu sanesna upami tiasa ngagabung...

  meungpeung si Ua Sas tas Panen....ari peutey waemah aya sigana..ieu mah...



*****************************************
Sekarang Gratis Nelpon SLJJ Flexi diperluas  ke
Yogya
***************************************** 


  

Kirim email ke