> MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@...> wrote:
> Jadi tong heran, upama engke masih aya keneh lini jeung bencana 
> sejenna tumiba ka nagri Indonesia, bebendon ti Mantenna, salila 
> kalakuan urang Islam masih misahkeun kahirupan duniawi jeung 
> akherat.

Punten pisan, kuring mah kirang sapagodos lamun lini disababkeun BEBENDON ti 
Gusti Nu  Maha Kawasa. Lini sabenerna kajadian alam nu teu beda jeung datangna 
beurang jeung peuting, teu beda jeung gerna hujan, teu beda jeung garingna 
halodo jeung rea-rea deui nu bisa karasa jeung katempo ku urang. Gusti Nu Maha 
Kawasa nyiptakeun sagala kajadian alam ieu, tapi sanes keur BEBENDON ka manusa.

Manusa dina nyanghareupan gejala alam kudu siap, jeung make akalna, supaya 
gejala alam  teu ngabahayakeun kahirupan manusa jeung lamun bisa malah bisa 
digunakeun keur kahirupan manusa. Waktu pas hujan, sieun baseuh jeung katirisan 
jelema make payung, Sieun kapoe manusa make dudukuy, atuh pas datangna peuting 
jelema make lampu. Teu aya saurang manusa oge nu nyebutkeun hujan, panas jeung 
peuting BEBENDON ti nu Maha Kawasa, padahal hujan, panas jeung poek bisa mawa 
mamala ka manusa. LINI OGE SAKUDUNA DIANGGAP SIGA KITU, SANES DIANGGAP BEBENDON.

Naon margina? Lini tetep bakal aya,  manusa teu kudu ngarep-ngarep Gusti Nu 
Maha Kawasa bakal ngaleungitkeun gejala alam ieu, sabab sami we jeung 
ngarep-ngarep ulah aya peuting (poek). Tapi nu kudu dilakukeun ku manusa mah,  
kumaha carana lini teu pati ngabahayakeun kahirupan manusa, siga manusa 
ngakalan peuting (poek) ku nyiptakeun lampu!

Kanggo lenyepaneun, nyanggakeun potongan sajak Sir Mohammad Iqbal, pamikir 
Islam kasohor di Abad ka 20 asal Pakistan, meunang nyutat tina catatan 
Pinggirna Gunawan Muhammad:

"Kau ciptakan malam, tapi kubuat lampu,
Kau ciptakan lempung,tapi kubentuk cupu,
Kau ciptakan gurun, hutan dan gunung, 
kuhasilkan taman, sawah dan kebun"

Baktos,
WALUYA









  


Kirim email ke