> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote: > > Ari si kuring, nya kitu deui bae, kirang sapagojod, eh sapagodos pama misah > misahkeun kahirupan logis kadunyaan jeung akheratna, enya eta tos sakuduna > ari ngaran ikhtiyar (usaha) mah lain wungkul dianjurkeun tapi kaasup > diwajibkeun, ngan mun kekeuh petekeuh yen etateh LAIN bebendon, atawa > cocobi, atawa nu leuwih parahna "nyiksa" nu dongkapna ti nu Maha Kawasa, asa > ku harianeun ceuk si kuring, beu ambuing paralun teuing mun tea mah ayeuna > kajadian niwaskeun ratusan jeung rebuan dulur, terus kahareupna ngan ukur > 'konsen' kumaha carana supaya kajadian sarupa teu kaalaman bari jeung lat > weh poho kana sajarah kumaha proses "maraot" ki dulur nu matak kukurayeun, > naha saha atuh nu mateni maranehna teh? Enya ku sareatnamah kaurugan > wangunan jeung watu taneuh, tapi mun kapopohokeun pedah "aing" tos bisa > ngungkulan mangrupa bencana kahareupna lain hartina urang kudu ngabarakatak > nyengseurikeun sajarah.
Ke nu dimaksud BEBENDON teh naon? Sakanyaho kuring mah BEBENDON teh sarua hartina jeung AZAB atawa KUTUKAN. BEBENDON asal kecapna tina BENDU (=ambek). Kalimah "Meunang bebendon ti Gusti nu Maha Kawasa", bisa oge dihartikeun "Meunang AZAB (KUTUKAN) ti Gusti Nu Maha Kawasa". Tah umpama hartina kitu, cik saha nu HARIANEUN jeung teu boga etika, geus sidik jalma-jalma teh keuna ku MUSIBAH, der deuih dituduh disebut keuna AZAB alias KUTUKAN alias BEBENDON (biasana kunu teu keuna musibah). Siga nu mupuas komo lamun ditambahan tadah-tuduh kaditu-kadieu, kurang imanlah, loba dosa lah, maksiat lah. Na kira-kirana ngeunaheun henteu, dulur-dulur urang nu ayeuna keur kamusibahan disebut "meunang KUTUKAN tinu Maha Kawasa"? Ah ...asa kacida teuing! Baktos, WALUYA Baktos, WALUYA >