Poe Jumaah tanggal 20 Nop 2009, ngilu ulin ka Citarum diajak ku Kang T.Bachtiar. Kumpul di Cupumanik, Jl.Taman Kliningan II No.5, jam 6.00 isuk-isuk geu ngajogo ngadagoan nu sejen. Jol neng Rini jeung Arum ti Kompas, jol deui Neng Endah ti PR. Sanggeus Kang HW datang, miang kana angkot ka gerbang tol Kopo da jangjian jeung Kang Bachtiar. Tidinya terus miang ka Rajamandala ka Saguling. Geuning dibageakeun ku urang Saguling. Loba susuguh. Sugan teh rek leumpang ngaraas Citarum, ari pek diajak arung jeram, rafting tea. Euleuh, rada hemar hemir hate, da kuring mah teu bisa ngojay, mangkaning keur usum hujan, Citarum pasti umpal-umpalan. Hate dipaksa teger, hayang ngiluan. Lahaola we. Jam 9.00 kurunyung parahu karet satilu-tilu. Brifing sakeudeung ti Kapinis (nu boga parahu karet), kumaha carana ngawelah, aturanana jste, sangkan salamet. Keur kitu aya SMS ti pamajikan kahade di Citarum bisi banjir bandang lantaran di Bandung keur hujan gede. Tapi kumaha da hayang ngilu (sabenerna mah era ku wartawan ti Kompas jeung PR nu awewe kabeh, lamun teu ngilu teh meureun disebut lalaki kecing he he he..., sanajan geus kolot ge aya keneh gengsi mah, da enya atuh uing teh pangkolotna nu ngilu). Saparahu jeung Kang HW, Rini, terus aya nu ti Saguling, Abah Lutfi public relation ti Indonesia Power. Citarum enya keur nyeot, jaba caina cakeutreuk, cek Abah Lutfi sakieu mah saleuheung caina rada beresih, atuh arusna teu tarik teuing. Memeh paragu ngaleong ka tengah, kuring ngaharewos ka Kang HW, bisi parahu tibalik ua tulungan..., cek Kang HW siap cenah...maol tikerelep da make pelampung. Parahu ampul-ampulan, awak jibreg, mawa kamera rek moto ge teu bisa, lebar keneh sieun kamera kabaseuhan. Ari geus lila mah geus karasa resepna, lat we poho kahariwang tikelebuh teh. Paparahuan teh 3km, aya sajamna. Da teu gagancangan, dinikmati, bari ngadengekeun Kang HW berpuisi, atuh Abah Lutfi ceramah soal lingkungan. Nu lebar teh roko, nyakuan sabungkus baseuh, tapi kungsi nyerebung heula bareng jeung Kang HW. Beres paparahuan, gura-giru nmandi terus Jumaahan, beres jumaahan geus disadiakeun sangu liwet, puguh we ponyo. Sanggeus reureuh, lalampahan diteruskeun ka guha Sanghyang Poek, Kang Bachtiar ngaguar perkara guha, batuan, jeung alam lingkungan sabudeureun Saguling. Pernahna Guha Sanghyang Poek aya di handapeun bendungan Saguling, eta guha teh urut Citarum memeh dibendung, caina didinya mah herang, bisa mandi, hujan ngaririncik. Asup ka guha rada seseleket da asup kana sela-sela batu kars, poek teh enyaan, untung we kuring mekel lampu senter da ti anggalna geus diwawadian ku Kang Bachtiar sangkan mawa lampu senter. Panjang guha aya kana 50 meter mah, geueuman. Cek urang Saguling ieu teh rek dijadikeun obyek wisata, alus cek kuring mah. Sanggeus ti Guha Sanghyang Poek terus ningali Sanghyang Tikoro nu kawentar, ngan teu bisa turun, rada pau, caina keur gede. Didieu ge sarua geueuman. Balik ka Bandung jam 5 sore. Hujan keneh, di Bandung banjir hareupeun kantor redaksi PR di jalan Sukarno Hatta, eureun didinya sakeudeung da nurunkeun Neng Endah. Basa Kang Bachtiar rek turun tina mobil, ngaharewos kahade ulah hilap tulisanana hal Citarum. Beu naon nu rek ditulis atuh....?
MSas

