Aya nu aneh basa minggu kamari, 27 Desember 2009 mulang ka lembur teh.
Sapanjang jalan, patalimarga nu ngahubungkeun Wado-Kirisik terus tembus ka
Bantarujeg, Majalengka teh bet rea imah anyar. Boh nu geus diadegkeun, oge
nu eukeur jeung eudeuk diadegkeun. Mun mikirkeun yen musim kawin anyar
kaliwat, kuduna mah teu pianeheun. Ngan eta imah teh katingalina adegan
konstruksi wangunanana jeung lelemah nempatkeunana asa asal cle wae.
"Pasolengkrah" di buruan imah heubeul. Cek beja sanggeus ngobrol jeung
sababara urang mah, malah eta imah satengah permanen teh teu make
pondasi-pondasi acan.

---

Banjarasih ngaran lembur teh, kampung dilingkung pasir bulistir nu asup kana
lelewek Desa Sarimekar, Kecamatan Jatinunggal, Kabupaten Sumedang. Kacamatan
Jatinunggal ieu sabagean wilayahna bakal ngilu kakeueum ku cai Walungan
Cimanuk nu dibendung di Jatigede. Nu cek beja mah anggeus taun 2013. Desa
kuring mah henteu ngilu kakeueum, tapi pangaruhna mah, pedah deukeut, gede
kacida. Salasahijina, ku ayana Megaproyek Bendungan Jatigede eta, harega
tanah di daerah kuring ngajaul luhur. Keur gembaranna indung kuring moal
leuwih ti lima taun kaliwat meuli tanah sahektar di sisi lembur, ditaurna Rp
25 juta. Kiwari eta tanah cek indung urang mah haregana geus nikel 5-6 tikel
ti harega basa meuli. Harega taneuh nu nerekel eta teh kusabab aya pembelian
ku pamarentah pikeun relokasi penduduk ti daerah kakeueum, salasahiji
pitempateunna nya desa kuring.

Pangaruh sejenna, jalan aspal nu meulah desa cenah mah deuk digedean. Jalan
nu asalna paling oge 6 meter, nu ngan dua lajur teh bakal dilegaan jadi
jalan dua jalur. Cenah pembebasan lahanna teh masing-masing 15 m ka
katuhukencaeun jalan. Eta jalan teh engkena bakal ngurilingan sisi Bendungan
Jatigede. Atuh puguh we, mokaha, rea taneuh jeung wangunan sisi jalan nu
keuna eta proyek. Saku-saku nu bogana pibakalmerekiseun duit pembebasan
tanah.

Tah nya ti dinya pisan mimiti cul cel, jlug jleg imah aneh teh. Kulantaran
harega pembebasan tanah nu luhureuna ngadeg wangunan leuwih gede tinimbang
tanah kosong rea jalma nu ngadegkeun imah-imah asal eta. Nu ngadegkeunna
lain wae nu boga lahan sisi jalan, tapi oge jalma lian nu boga duit.
Maranehna nyewa taneuh ka nu kena pembebasan eta. Nu diharepkeun duit ganjor
pembebasan tanah tanpa wangunan jeung nu aya wangunan di luhureunna engke.

Kecap nu munggaran mucunghul dina uteuk sanggeus nempo kaayaan eta: Motekar!
Geuning warga sadesa kuring teh kreatif kacida. Pinter pisan dina mateaan
hirup di nagara nu amburadul ieu. Maranehna bisa ningali liang melenge dina
aturan nu aya. Teu eleh jeung pajabat-pajabat nu teu riuk-riuk meral-meral
anggaran. Naha nu kieu kitu, nu disebut korupsi  "bageanna" rahayat teh?

(duq)

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke