Hey Dud, don't make it bad yeah… (angger heuheu…)
Naaa, basa Ceuceu ka Wado awal bulan Desember taun kamari mah asa jiga sasari 
keneh…? Teuing mun pedah teu ngaliwat ka bah dinya. Hartina, ngan dina itungan 
sababaraha poe eta imah-imah anyar teh marucunghuls. Kacipta meureun marema 
tukang bangunan teu mudu nyaba ka kota… Paingan minggu kamari aya dulur kapi 
lanceuk nganjang ka imah, ngadongeng ka nu jadi indung mani cuih, ceunah mah di 
lembur teh keur "rame". Loba imah anyar jlug jleg, nya kitu pisan jiga nu 
didongengkeun ku Jang Ndud, malahmah buruan imahna nu di lebakkeun imah nini 
uing ge kasempog dipake ngalegaan jalan.

Puguh, ayeunamah urang lembur teh teu bisa direken jalma bodo… baheula urang 
kampung bau lisung tea, tapi ayeuna urang kampung bau heuleuran. Eta ge mun 
masih keneh aya sawahna, da bakal kaeleb tea… Rada hese ngabedakeun urang 
lembur jeung urang kota, kusabab urang lembur loba nu ngumbara ka kota & luar 
nagri. Jaba tehnolohi jaman kiwari teu di kampung teu di kota, contona warnet 
geus aya di pilemburan. Jadi pantes mun geus "kaismeuan" bin malotekar dina 
widang korupsiw...

Abong geus teu cicing di Wado rada teu ngarti, naha tara tisasasari pamarentah 
teh bageur daek mayar mahal ganti rugi nya? biasana mun can diojok-ojok 
ditambahan ku demo mah hese mayarna? Heug deui etah, teu ditingali heula kitu 
sabangsaning susuratan kayaning pajeg jrrd? Apal meureun pamarentah, salila 
bisa dijieun hese, naha henteu? (ups, punten ka pamarentah, maksudnyah selama 
masih dibuat sulit kenapa tidak?) jigana ieu wawales ti rahayat nu geus 
baroseneun ningali loba pejabat korup, tah ayeuna giliran maranehna… 
Meungpeung.

ro2


--- In urangsunda@yahoogroups.com, Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
>
> Aya nu aneh basa minggu kamari, 27 Desember 2009 mulang ka lembur teh.
> Sapanjang jalan, patalimarga nu ngahubungkeun Wado-Kirisik terus tembus ka
> Bantarujeg, Majalengka teh bet rea imah anyar. Boh nu geus diadegkeun, oge
> nu eukeur jeung eudeuk diadegkeun. Mun mikirkeun yen musim kawin anyar
> kaliwat, kuduna mah teu pianeheun. Ngan eta imah teh katingalina adegan
> konstruksi wangunanana jeung lelemah nempatkeunana asa asal cle wae.
> "Pasolengkrah" di buruan imah heubeul. Cek beja sanggeus ngobrol jeung
> sababara urang mah, malah eta imah satengah permanen teh teu make
> pondasi-pondasi acan.
> 
> ---
> 
> Banjarasih ngaran lembur teh, kampung dilingkung pasir bulistir nu asup kana
> lelewek Desa Sarimekar, Kecamatan Jatinunggal, Kabupaten Sumedang. Kacamatan
> Jatinunggal ieu sabagean wilayahna bakal ngilu kakeueum ku cai Walungan
> Cimanuk nu dibendung di Jatigede. Nu cek beja mah anggeus taun 2013. Desa
> kuring mah henteu ngilu kakeueum, tapi pangaruhna mah, pedah deukeut, gede
> kacida. Salasahijina, ku ayana Megaproyek Bendungan Jatigede eta, harega
> tanah di daerah kuring ngajaul luhur. Keur gembaranna indung kuring moal
> leuwih ti lima taun kaliwat meuli tanah sahektar di sisi lembur, ditaurna Rp
> 25 juta. Kiwari eta tanah cek indung urang mah haregana geus nikel 5-6 tikel
> ti harega basa meuli. Harega taneuh nu nerekel eta teh kusabab aya pembelian
> ku pamarentah pikeun relokasi penduduk ti daerah kakeueum, salasahiji
> pitempateunna nya desa kuring.
> 
> Pangaruh sejenna, jalan aspal nu meulah desa cenah mah deuk digedean. Jalan
> nu asalna paling oge 6 meter, nu ngan dua lajur teh bakal dilegaan jadi
> jalan dua jalur. Cenah pembebasan lahanna teh masing-masing 15 m ka
> katuhukencaeun jalan. Eta jalan teh engkena bakal ngurilingan sisi Bendungan
> Jatigede. Atuh puguh we, mokaha, rea taneuh jeung wangunan sisi jalan nu
> keuna eta proyek. Saku-saku nu bogana pibakalmerekiseun duit pembebasan
> tanah.
> 
> Tah nya ti dinya pisan mimiti cul cel, jlug jleg imah aneh teh. Kulantaran
> harega pembebasan tanah nu luhureuna ngadeg wangunan leuwih gede tinimbang
> tanah kosong rea jalma nu ngadegkeun imah-imah asal eta. Nu ngadegkeunna
> lain wae nu boga lahan sisi jalan, tapi oge jalma lian nu boga duit.
> Maranehna nyewa taneuh ka nu kena pembebasan eta. Nu diharepkeun duit ganjor
> pembebasan tanah tanpa wangunan jeung nu aya wangunan di luhureunna engke.
> 
> Kecap nu munggaran mucunghul dina uteuk sanggeus nempo kaayaan eta: Motekar!
> Geuning warga sadesa kuring teh kreatif kacida. Pinter pisan dina mateaan
> hirup di nagara nu amburadul ieu. Maranehna bisa ningali liang melenge dina
> aturan nu aya. Teu eleh jeung pajabat-pajabat nu teu riuk-riuk meral-meral
> anggaran. Naha nu kieu kitu, nu disebut korupsi  "bageanna" rahayat teh?
> 
> (duq)
> 
> -- 
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>


Kirim email ke