Masyarakat urang pangpangna saatos repormasi sipatna janten hoyong
mangpaatkeun sagala paluang..ku cara naon wae..ieu diilhaman ku LSM2 "gugat"
- LSM2 "klaim" jiwa na sanes "ganti rugi tapi "ganti untung"..meureun
implementasi tina ilmu usaha .."Kita harus memanfaatkan semua peluang " !

On 1/7/10, Kang Iman <firman.raha...@urang-sunda.or.id> wrote:
>
>
>
> beu ... basa kuring leutik (SD lah, ayeuna geus budakan)
> pernah aya isu nu sarupa
> malah ningali pisan kuring mah kana gambar rencana jalan teh
> da geuning nepi ka ayeuna ... teu burung we .. jalan teh euweuh galengan
> galengan acan
>
>
>
>
>
>
> 2009/12/28 Sr <pay...@yahoo.com.au>
>
>>
>>
>> Uing ge ngahelas eung nyumedanganana( tarjamahan bebas ti ngabandungan),
>> urang lembur anu rata2 awam dididik jadi mental korup ku oknum, dibibita,
>> dipangaruhan, neangan untung tina enteng. Ua uing nu kaparengan sawahna
>> keuna jalan, aya nu nyebut bodo, pedah teu pipilueun nyieun 'rumah hantu'
>> ceuk siua teh asa teu darigama teuing make kudu kikituan sagala, aluk mah
>> legaan rumah sakit jang nampung jalma saretress alatan kabelejog teu meunang
>> duit pembebasan, pokna bari serengeh seuri.
>>
>> Nu hayang seuri  rencana jalan teh samemehna teu cindek, pek ngenca pek
>> ngatuhu, keur aya isu dikenca nu boga taneuh nu kasabet ku jalan berenyek
>> nyarieun 'rumah hantu, teu kungsi lila lokasina pindah ka katuhu  atuh
>> berenyek anu boga tanah dikatuhu nyarieun deui,  antukna nu boga tanah
>> nu dikenca ngan ukur bisa ngegel curuk, watir teu jadi, mangkaning aya nu
>> sistim sewa sagala.
>>
>> Aya deui nu boga taneuh diperbatasan wilayah rendaman, aya isu cenah cai
>> teh bakal naek 10 meter, atuh nu disisi pasir anu tadina lain daerah
>> rendaman raribut nyarieun 'rumah hantu' bleg we lembur anyar tapi euweuh nu
>> ngeusian. Lamun diukur ku uteuk nu sehat, lamun cai bakal naek 10 meter deui
>> alun2 wado jeung darmaraja bakal kalebuh ha ha...
>>
>> ----- Original Message -----
>>
>>  *From:* Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>
>> *To:* Urangsunda <urangsunda@yahoogroups.com> ; kisu...@yahoogroups.com ;
>> baraya_su...@yahoogroups.com ; kota-sumed...@yahoogroups.com ;
>> alumni-smu...@yahoogroups.com ; alumnisman1sumed...@googlegroups.com
>> *Sent:* Wednesday, January 06, 2010 5:22 PM
>> *Subject:* [Urang Sunda] Korupsi Rahayat?
>>
>>
>>
>> Aya nu aneh basa minggu kamari, 27 Desember 2009 mulang ka lembur teh.
>> Sapanjang jalan, patalimarga nu ngahubungkeun Wado-Kirisik terus tembus ka
>> Bantarujeg, Majalengka teh bet rea imah anyar. Boh nu geus diadegkeun, oge
>> nu eukeur jeung eudeuk diadegkeun. Mun mikirkeun yen musim kawin anyar
>> kaliwat, kuduna mah teu pianeheun. Ngan eta imah teh katingalina adegan
>> konstruksi wangunanana jeung lelemah nempatkeunana asa asal cle wae.
>> "Pasolengkrah" di buruan imah heubeul. Cek beja sanggeus ngobrol jeung
>> sababara urang mah, malah eta imah satengah permanen teh teu make
>> pondasi-pondasi acan.
>>  .
>>
>>
>  
>

Kirim email ke