Uing ge ngahelas eung nyumedanganana( tarjamahan bebas ti ngabandungan), urang 
lembur anu rata2 awam dididik jadi mental korup ku oknum, dibibita, 
dipangaruhan, neangan untung tina enteng. Ua uing nu kaparengan sawahna keuna 
jalan, aya nu nyebut bodo, pedah teu pipilueun nyieun 'rumah hantu' ceuk siua 
teh asa teu darigama teuing make kudu kikituan sagala, aluk mah legaan rumah 
sakit jang nampung jalma saretress alatan kabelejog teu meunang duit 
pembebasan, pokna bari serengeh seuri.

Nu hayang seuri  rencana jalan teh samemehna teu cindek, pek ngenca pek 
ngatuhu, keur aya isu dikenca nu boga taneuh nu kasabet ku jalan berenyek 
nyarieun 'rumah hantu, teu kungsi lila lokasina pindah ka katuhu  atuh berenyek 
anu boga tanah dikatuhu nyarieun deui,  antukna nu boga tanah nu dikenca ngan 
ukur bisa ngegel curuk, watir teu jadi, mangkaning aya nu sistim sewa sagala. 

Aya deui nu boga taneuh diperbatasan wilayah rendaman, aya isu cenah cai teh 
bakal naek 10 meter, atuh nu disisi pasir anu tadina lain daerah rendaman 
raribut nyarieun 'rumah hantu' bleg we lembur anyar tapi euweuh nu ngeusian. 
Lamun diukur ku uteuk nu sehat, lamun cai bakal naek 10 meter deui alun2 wado 
jeung darmaraja bakal kalebuh ha ha...

----- Original Message ----- 
  From: Dudi Herlianto 
  To: Urangsunda ; kisu...@yahoogroups.com ; baraya_su...@yahoogroups.com ; 
kota-sumed...@yahoogroups.com ; alumni-smu...@yahoogroups.com ; 
alumnisman1sumed...@googlegroups.com 
  Sent: Wednesday, January 06, 2010 5:22 PM
  Subject: [Urang Sunda] Korupsi Rahayat?


    
  Aya nu aneh basa minggu kamari, 27 Desember 2009 mulang ka lembur teh. 
Sapanjang jalan, patalimarga nu ngahubungkeun Wado-Kirisik terus tembus ka 
Bantarujeg, Majalengka teh bet rea imah anyar. Boh nu geus diadegkeun, oge nu 
eukeur jeung eudeuk diadegkeun. Mun mikirkeun yen musim kawin anyar kaliwat, 
kuduna mah teu pianeheun. Ngan eta imah teh katingalina adegan konstruksi 
wangunanana jeung lelemah nempatkeunana asa asal cle wae. "Pasolengkrah" di 
buruan imah heubeul. Cek beja sanggeus ngobrol jeung sababara urang mah, malah 
eta imah satengah permanen teh teu make pondasi-pondasi acan.


  .
   
  

Kirim email ke