muhun ceu, di jalan wado-kirisik mah enggal keneh. mung imah-imah hantu teh
saurna mah tos ti kapungkur. utamina di wilayah pembebasan lahan bendungan
jatigede, siga di daerah darmaraja.

d

2010/1/8 roro <roro.roh...@sidola.com>

>
>
> Hey Dud, don't make it bad yeah… (angger heuheu…)
> Naaa, basa Ceuceu ka Wado awal bulan Desember taun kamari mah asa jiga
> sasari keneh…? Teuing mun pedah teu ngaliwat ka bah dinya. Hartina, ngan
> dina itungan sababaraha poe eta imah-imah anyar teh marucunghuls. Kacipta
> meureun marema tukang bangunan teu mudu nyaba ka kota… Paingan minggu kamari
> aya dulur kapi lanceuk nganjang ka imah, ngadongeng ka nu jadi indung mani
> cuih, ceunah mah di lembur teh keur "rame". Loba imah anyar jlug jleg, nya
> kitu pisan jiga nu didongengkeun ku Jang Ndud, malahmah buruan imahna nu di
> lebakkeun imah nini uing ge kasempog dipake ngalegaan jalan.
>
> Puguh, ayeunamah urang lembur teh teu bisa direken jalma bodo… baheula
> urang kampung bau lisung tea, tapi ayeuna urang kampung bau heuleuran. Eta
> ge mun masih keneh aya sawahna, da bakal kaeleb tea… Rada hese ngabedakeun
> urang lembur jeung urang kota, kusabab urang lembur loba nu ngumbara ka kota
> & luar nagri. Jaba tehnolohi jaman kiwari teu di kampung teu di kota,
> contona warnet geus aya di pilemburan. Jadi pantes mun geus "kaismeuan" bin
> malotekar dina widang korupsiw...
>
> Abong geus teu cicing di Wado rada teu ngarti, naha tara tisasasari
> pamarentah teh bageur daek mayar mahal ganti rugi nya? biasana mun can
> diojok-ojok ditambahan ku demo mah hese mayarna? Heug deui etah, teu
> ditingali heula kitu sabangsaning susuratan kayaning pajeg jrrd? Apal
> meureun pamarentah, salila bisa dijieun hese, naha henteu? (ups, punten ka
> pamarentah, maksudnyah selama masih dibuat sulit kenapa tidak?) jigana ieu
> wawales ti rahayat nu geus baroseneun ningali loba pejabat korup, tah ayeuna
> giliran maranehna…
> Meungpeung.
>
> ro2
>
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke