Heheh meni heuras euy balesanna, 
Da abdi mah berdasarkan pangalaman sateuacanna. Upami teu lepat di Ustrali  
kungsi aya teror via surat nu eusina "Virus Anthrax" tea. Pihak barat (Amrik & 
Ustrali)  nuding eta teh pagawean teroris musuh maranehna. 

Padahal nyieun pakarang biologis teh beda pisan jeung nyieun pakarang biasa, 
ngan ukur bisa dijieun ku nu boga teknologi tinggi di bidang bioteknologi. Saha 
deui coba nu boga teknologi kitu? 

Tadina judulna ge apanan "milu suudon" piraku ari Amrik suudon mah  meunang, 
tapi  ari abdi nu (pipilueun) suudon teu meunang?

Btw, tapi abdi nangkep eusi email K Rahman ieu teh nyaeta soal "semangat 
intropeksi diri", sanes kitu K Rahman?

Ah teuing...Meureun ketah.;))  (nurutan heheh)


Baktos

Aep S


----- Original Message ----
From: Rahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, November 27, 2006 3:14:13 PM
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Nu dipikasieun tea!

Kang,

Hanjakal. Kelompok anu LEMAH teh mun neangan kasalaha sok ningali ka
luar. Tara nempo ka jero!!!

Tingali karugian financial sacara global akibat flu manuk. Di NL ge
ieu epidemi teh kungsi aya. Ngan pamarentah jeung dunya usaha sigep
pisan nyengekrna, sangkan TEU nyebar leuwih luas. Hasilna alus!
Epidemi na bisa dipareuman! Malah mah... loba pisan hayam jeung manuk2
piaraan dimusnahkeun. SEDIH JEUNG KARUNYA NINGLINA GE. Tapi sigana mah
hiji2na jalan kudu kitu meureun.

Aya nu nyiptakeun flu manuk? Buktikeun heula we atuh! Kumaha mun
sakalian disebutkeun yen HIV/AIDS ge diciptakeun deuih jeung ngahaja
disebar ku urang Kulon?

Batur mah tihothat neangan ubar, ari urang mikirna muter neangan saha
nu bisa disalahkeun!

Salahkeun mah sorangan. Terus upayakeun sangkan bisa nyengker ieu
epidemi jeung ngubaran, kilangbara nyieun riset nyiear piubareun mah!

Ah teuing...Meureun ketah.;))

baktos,

Rahman

--- In Baraya_Sunda@ yahoogroups. com, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED] > 
wrote:
>
> pasti abdi mah teu percaya pisan sareng psan..naha ?
> Eta flu manuk teh bahaya pisan hese di bendung...lamun
> urang (saha wae0 "nyiptakeun" eta flu manuk...bakal
> malikan...puguh urang Amrik anu sieun pisan...ari
> bangsa urang mah..enteng. .hampang wae..wah eta mah
> isuue..keue anu ngalarti...bari terus sare jeung hayam
> atawa manuk...laju ngadahar hayam anu
> dipatenan..kulantar an dicurag keuna flu
> manuk...beuteung disada..pikiran jadi
> saderhana... ......
>




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke