Ari ceuk abdi mah dongeng sufi teh rada cenderung ngagampangkeun hirup..sareng rada kirang jelas "rationale" nya....lamun ditaroskeun..jawabanna teh "tingkat tinggi" (saleresna ceuk abdi mah teu tiasa ngajawab)
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > --- In [email protected], "Aasep Tea" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Sae pisan ulasana Kang RH, > > Di kampung abdi aya istilah "teu meunang naek > haji" saparantos ku > > abdi ditaroskeun ka mama kuwu naha kunaon bet teu > meunang naek haji? > > Kang Asep, Mama Kuwu teh meureun resep faham Sufi > ...hehehehe. > Sufiismeu di Islam ceuk cenah tumuwuh di kalangan > kaum Syiah atawa nu > deukeut-deukeut jeung eta. Nu matak baheula kaum > Sufi subur di > Baghdad. Di Bagdhad di abad ka 10, geus aya > universitas. Kaum > cendikiawan numpuk didinya. Nu disebut kabudayaan > Islam maju teh nya > di Bagdhad. Dongeng ABu Nawas, Nasredin Hoja, 1001 > peuting jrrd asalna > Bagdhad ..... Tapi kaum sufi/cendikiawan ieu teu > dipikaresep ku kaum > Sunni nu puritan, komo ku faham Salafi/Wahabi mah. > > Di urang cenah sufiismeu teh dibawa ku Syeh Siti > Jenar, nu dina > mitologi, cenah dihukum pati ku para Wali, > kulantaran nganjarkeun > intina Islam. Kunaon teu meunang diajarkeun? nya > duka teuing atuh .... > > Kuring sakapeung resep macaan buku Sufi, tapi > sakapeung sok > lieur ....maklum meureun didinya intina. Soal Haji > aya dongeng nu sok > sering dicaritakeun ku nu resep Sufi, nyaeta TUKANG > SAPATU TI BAGHDAD. > > Kacaritakeun di Bagdhad aya tukang sapatu, hayang > pisan ka Tanah Suci. > Manehna nabung, saeutik-saeutik, mangtaun-taun, > maklum tukang sapatu, > panghasilnana teu sabaraha. Waktu duitna geus > ngumpul, kacida manehna > atohna, terus nyieun janji jeung babaturanana, > kumpul di hiji tempat, > rek bareng indit munggah Haji. > > Tapi ku hanteu, tatangga tukang sapatu meunang > katunggaraan, butuh > duit, poho deui eukeur naonna mah, ngan nu jelas > tulunganeun. Si > tukang Sapatu, bimbang, hayang nulungan tatanggana. > Rasa kamanusaanana > kageuing, akhirna ...bro weh duit keur waragad naek > haji teh dibikeun > ka tatanggana, teu jadi munggah Hajina. Manehna teu > datang ka tempat > nu dijanjikeun jeung babaturanana. > > Musim Haji geus lekasan, si Tukang Sapatu kadatangan > babaturanana nu > tas munggah Haji. Babaturanana ngomong mani reang:" > Na ari anjeun, > cenah rek bareng indit munggah Haji teh, ari ieu > indit sosorangan wae!" > > "Har .... kuring mah teu jadi munggah Hajina oge!", > ceuk si Tukang > Sapatu teh, heran. > > "Ah entong bohong, kaciri pisan ku sarerea oge > anjeun teh aya diditu. > Ngan waktu disampeurkeun rek ditanya, kereles > ngaleungit, teu kaciri, > ngahiji jeung nu ngagimbung. Sabararaha kali anjeun > kapergo aya > diditu!" > > Tukang sapatu teh beuki ngahuleng ...... > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > ____________________________________________________________________________________ Do you Yahoo!? Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. http://new.mail.yahoo.com
