--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang, > > Kuring boga usul yeuh. Kapikir teh kieu jang narjamahkeun offshore. > Kumaha mun make kecap "unggah basisir" (?). > > Logikana kieu, pan manusa nempona ti darat (basisir), tah unggah > saeutik ti basisir pan laut anu deukeut (sapanjang kadeuleu ku panon > bolotot he he he. Lebah ditu na, bisa dipake istilah laut bebas (leupas)?
Ke Kang RH, kecap unggah teh rarasaan mah hartina teh ngalengkah ka tempat nu leuwih luhur. Kalimah "unggah ka imah", nunjukkeun ngalengkah ka tempat nu leuwih luhur. Imah pastina oge leuwih luhur ti buruan, komo imah panggung mah. Atawa kalimah siga kieu : "Geura unggah siah ...tong guyang wae di balong, bisi ararateul" Janten, umpama unggah basisir, hartina tempat nu diunggahan teh leuwih luhur ti basisir, padahal pan kuduna sahandapeun basisir ... Naon nya kecapna, kanggo ngalengkah ka tempat nu handap? Baktos, WALUYA
