--- In [EMAIL PROTECTED], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Debat nu kieu teh bakal aya wae satungtung urang can > bisa nempatkeun masalah dina proporsina, kapanatikan > nganut tiori konspirasi jeung can bisana sababaraha > golongan "reading between the lines". > Leres Bah, eta palebah panatik pisan kana teori konspirasi, bangsa urang kuat pisan jeung kadang-kadang ngaleungitkeun sifat pragmatis nu bakal nguntungkeun bangsa urang. DIna Kompas kamari aya warta soal pamadegan Cristianto Wibisono soal diplomasi Indonesia nu kuduna make prinsip "take and give". Maksudna siga China, Pakistan atawa Vietnam nu sok make cara diplomasi: "Lamun ngaheueuhan, mana keur kuringna?". Cristianto mere conto, Arab Saudi sieuneun pisan Iran boga nuklir, nya ngumaha ka China, nu rada nyobat jeung Iran. Diplomasi Arab Saudi hasil, China jadi ngadukung, tapi bari jeung "dibayar' ku investasi Arab Saudi di China, cenah mah tepi ka ratusan juta dollar. Hal nu sarupa jeung Pakistan, nu kacirina sagala nurut ka Amerika, tapi make syarat ...hehehehe ..hutangna dipupus.
Tah ari urang mah beda deui, meuereun bakating kuat teuing idealismeuna atawa duka hayang naon, sagalana teh jadi "percomah", ngaheueuhkeun Amerika tapi kulantaran publik anti Amerika pisan, tungtungna nyamos teu meunang nanaon. Geus puguh ari nyokot sikep anti-amrik mah, pasti moal meunang nanaon (maksud teh kauntungan ekonomi). Hebatlah .... Bangsa Endon mah ... [Bari ngaremus tahu Sumedang, nu kadelena ti Amerika] Baktos, WALUYA
