Teh Nn, Kang R n' sadayana,
Anu ku abdi dipikasieun ayeuna anu rada nyeletit teh nyaeta krisis ekonomi 
sapertos 1998 euy... ninggali gejala-2na mah tiasa pisan kajantenan upami 
pamarentah teu cepet bergerak.

Upami ditilik-2 sektor riil ayeuna teu berkembang... jalmi-2 langkung raos 
nyimpen artos di bank tibatan dianggo kanggo usaha... ku naon kumargi KURUPSI + 
BIROCRAZY anu pakojot tur pabaliut anu nyebabkeun seueur anu alim usaha... 
teras para kuruptor anu seueur artosna biasana raosna nyimpen artos di bank... 
seueur bank anu langkung raos nyimpen di SBI antukna kumargi sektor riil teu 
jalan beban kanggo mayaran bunga jrrd... eta lumpatna ka Pamarentah/ Nagara... 
sementara nagara sektor riilna kirang jalan  (slow export-na, investment ti 
nagara lain oge slow, jrrd) antukna tiasa terjadi inflasi... tah ripuhna 
deui... kumargi terjadi inflasi... nilai artos anu disimpen ku para kuruptor di 
bank nilaina berkurang... tah maranehna pasti malalikir kumaha supados nilaina 
tetep... maka bunga bank kedah dinaekeun... antukna bebanna lumpat deui 
kapamarentah kanggo mayaran bunga na.. lami-2 pamarentah teu kiat anu antukna 
krisis weh nagara teh.

Janten upami suku bunga SBI tus mulai nerekel naek deui siap-2 weh... urang 
kedah seeur gaduh cash, tong seueur hutang, jrrd... janten upami terjadi krisis 
sapertos 1998 urang tos gaduh persiapan.

Suku bunga di urang dibanding asian anu sanes lumayan ageung... + birokrasi + 
korupsi + kepastian hukum anu teu aya... siga back to the jungle tea hehehe... 
pengusaha pastina rada mikir tujuh keliling upami bade invest di Indonesia. 

Solusina anu kedah di laksanakeun SBY kanggo menggerakan sektor riil:
- brantas korupsi as soon as possible!
- sistem hukum sareng peradilan kedah di robih... 
- birokrasi di pangkas (otomatis sih upami tos teu aya korupsi mah birokrasi 
lancar)...
- suku bunga turunkeun... mun tiasa mah 4%-an... ayeuna mun teu lepat 9.25%
- galakeun export --> birokrasi pelabuhan, perizinan, jsb kedah dipermudah 
malahan mah disupport.
- taekeun gaji PNS jeung gaji pagawe pamarentah supados teu aya alesan keur 
korupsi.
- Bangun infrastructure anu WARAS.

Nu gampil pisan mah... turutan we anu tos sukses sapertos DUBAI atanapi 
SINGAPORE!

Salam sedih euy,
A


----- Original Message ----- 
  From: nn4wjr 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, May 14, 2007 6:20 AM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Nu dipikasieun tea!


  Ah... aya aya wae, mugi-mugi ngan berita bohong, kang Rahman... abdi
  mah macana oge jadi sieun, bisi bener-bener aya perang nuklir, bakalan
  hancur dunia teh...

  Nn

  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke