Teh Nenen, dongeng aya katelengesan di IPDN/STPDN saleresna geus kakuping ku kuring ti mimiti sakola ieu ngadeg (awal 1990'an). Samemeh RS Al Islam ngadeg di Jalan By Pass Bandung (Jl. Soekarno Hatta), Rumah Sakit rujukan STPDN teh di RSU Sumedang nu aya di kota Sumedang. Tah dongeng katelengesan di STPN teh ti perawat2 di RSU SUmedang. Ceuk beja mah, mahasiswa nu teu kuat, lain wae gering fisik tapi aya oge nu gering jiwa alias owah (gelo ngadadak). Tapi di jaman harita, dongeng katelengesan teh ukur jadi bahan obrolan wungkul, teu aya wani muka siga ayeuna.
Kuring mimiti yakin aya katelengesan teh, di taun 2000. Harita teh kuring ngalongok babaturan nu dirawat di RS Al Islam. Waktu ngalongok eta, kuring nyaho, sabab warta soal ieu nyebar di RS Islam. Kabeneran deuih kamar Erry Rahman dirawat teh teu pati jauh ti kamar dimana babaturan kuring dirawat. Karunya ningali kulawargana ... Heuleut dua poe ti harita, warta soal Erry Rahman teh, mucunghul di koran di Bandung. Tapi saperti ayeuna, patuduh-tuduh jeung ditutup- tutup. Jadi kasusna teu jelas ..... Tah kulanataran kitu, kuring mah teu simpati pisan ka sakola eta teh, sanajan ari ningali kompleks sakolaanana ti luar mah, resep ku megahna jeung pikabetaheun, matak sirik batur .... Baktos, WALUYA --- In [email protected], nn4wjr <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Walah kang Waluya, geuningan brutal, kekejaman anu diajarkeun kusakola > pamong. Abdi nembean ningali SIGI 30 menit ti sctv online, wah... mani
