> "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tadi peuting kuring rada salse, nempoan kasus IPDN tea da manggihan > film dina youtube. Beu... nepi ka kitu na bangsa urang. Eta... mani > jeung daek deuih digebugan massal siga kitu. Eta teh nandakeun > bangsa urang boga sifat anu sok SADRAH tea kitu? Dianggap papasten > bae digebugan ku batur teh?
Kang RH, kaheurasan jeung katelengesan di IPDN geus jadi sistem, sanajan ayeuna alumnina ribut gogorowokon nyebut ukur oknum. Kasalahan sistem, sabab nu salah sanes mahasiswana wae tapi oge rektorna, dosenna, pangasuh pokona mah nu aya didinya. Bukti ieu ngait kana sistem, ayeuna salah saurang dosenna (Dekan malah) jadi tersangka, da manehna nu nitah nyuntik mayit Cliff make formalin. Tah hiji-hijina jalan keur ngaleungitkeunana, nya dibubarkeun, mahasiswana nu aya keneh selipkeun we ka universitas. Sabab lamun teu kitu, kajadian Cliff Muntu palastra disiksa teh, moal jadi nu pangakhirna .... Baktos, WALUYA
